euh tetela nya nu disebat sunda teh ayeun mah seueur rupina... perkawis waleranana kahartos tah sim kuring teu poekeun teuing ayeuna mah insya allah saparantos rengse diajar simkuring bade ikhtiar nyiar luang deui supados teu pareumeun obor dina budaya sunda...
simkuring ayeuna nembe diajar ngajar tugas di smkn1kawali, smk alhuda buniseuri, smk muhamadiyah kawali ( rehat heula nuju ngarengsekekun ta ) sareng aya rencana mah tahun ajaran anyar manawi di pasihan sehat insya allah di smp 2 cipaku simkuring ngalebetan waktos padet prinsipna hoyong bajoang dina atikan.. pendidikan simkuring kaleresan ngawulang komputer.... On 5/5/09, Satria Pinandita <[email protected]> wrote: > heheheheheheh > leres pisan da abdi oge gagaduh rerencangan di jakarta > nyariosna teh sunda pisan teu aya loga logat batak, pas di taros teh > "Pa timana kawit , ari pok na teh ti medan, ka bandung atanapi ka jawabart > pernah > ka pulo jawa oge mung di jakarta wungkul" kitu cenah, > > janten nu di sebat urang sunda teh nu kamaha atuh nya > hatur nuhun > wassalam > urang kidul tea.... > > ----- Original Message ----- > From: waluya2006 > To: [email protected] > Sent: Tuesday, May 05, 2009 10:29 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda > > > > > > > mh <khs...@...> wrote: > > kamari uing ngapung ti surabaya, nalika di imigrasi, petugas > > manggih ngaran kota kalahiran uing, garut, ari pokna teh, "kumaha > > damang?" > > cenah. uing seuri, si bapa eta ge milu seuri, ceuk uing teh, "ari > > bapak asal timana?" manehna ngajawab, cenah asalna mah ti tapanuli, > > ngan gede di bogor. "paingan atuh", ceuk uing teh. > > Tah kuring mah sering papanggih jeung nu ngomong Sunda tapi lain urang > Sunda di tempat di luar Tatar Sunda. Di Tanah Karo, loba Batak nu bisa basa > Sunda ...... urut supir angkot di Bandung, nu marulang deui ka lemburna. Di > Minahasa oge kungsi papanggih, nu saurang mah tukang tani nu kungsi ngingilu > jeung lanceukna di Sukabumi, nu saurang deui mah di Bandara jeung sapesawat > ka Jakarta. Ieu mah tantara, pangkatna lumayan luhur. Di pesawat manehna > kukulutus ngomongkeun adat Minahasa nu ceuk manehna goreng, pokna teh: "Alus > di lembur urang nya?". > > Kuring ukur nyerengeh jeung ngarasa aneh aya urang Minahasa tapi ngarasa > lemburna di Tatar sunda .... > > Nu pikaseurieun mah di Biaro Bukitinggi. Keur ngabring we jeung babaturan > di sisi sawah deukeut lembur, naa ari gog..gog.. teh anjing ngagogog, terus > arek ngudag, ditembalan ku anjing-anjing sejen tiditu-tidieu, nu siap-siap > oge arek ngudag. Bakating ku reuwas jeung sieun, kuring satengah ngagorowok: > "Anjing bangkawarah ngareureuwas, awas euy ...geuning urang dieu mah ku > raresep ngukut anjing mani loba kieu!" > > Ujug-ujug aya jalma nyieuh-nyieuh anjing, holna ti saung, bari ngomong > maka basa sunda bentes pisan: "Kanggo moro bagong seueur anjing teh, kadieu > atuh nyarimpang heula, nuju akar-ukur naon ieu teh?" > > Kacida ngagebegna, da teu nyangka aya nu nyarita Sunda. Nya disampeurkeun, > singhoreng urang Minang asli, ngan lila dagang di ciamis tapi bangkrut. > Balik ka lemburna jadi patani deui .... > > Baktosna, > WALUYA > > > >

