Namina Kang Opik meuerun nya?
Sarua kuring oge ti Ciamis (Urang cikoneng).
Kuring teh loba babturan SMA di cipaku, Mira, Anggi Melli jrrd
Salam ka uarng cipaku....


2009/5/2, Taupik Nurhidayat <[email protected]>:
>
>
>
> Assalamaulaikum,
>
> Simkuring bade ngawanohkeun diri.
> Nami : Taupik Nurhidayat
> Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu
> halal
> Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis
>
> Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku
> urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu
> nembe sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok
> sananos ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang
> panginten..
>
> dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
> 1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
> 2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka
> ayeuna sabaraha hiji ?
> 3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
> 4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?
>
> Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse
>
>
> 
>

Kirim email ke