Salam wanoh oge kang Opik. Haturan tepang di dunia maya boa. Ngawulang kang 
Opik teh? ngawulang naon kang? Sim kuring nyumbang pamendak kana patarosan 
akang. 

1. Mun maca buku basa Sunda, dina hatena aya kereteg (Ieu teh basa kuring jeung 
kolot kuring)
2. Taluk, sami-sami teu apal.
3. Mun aya 7 aspek budaya tea mah (pakasaban, sistem pangaweruh, ritual, basa, 
seni, jste), (unggal aspek aya 13.476 budaya), kantun dikalikeun tujuh 
(meureun) 
4. Di perpusnas oge seueur buku sareng naskah Sunda. Katalog digitalna tiasa 
ditoong di http://opac.pnri.go.id 

baktos
-Adit-


http://naskah-sunda.blogspot.com



________________________________
From: Taupik Nurhidayat <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, May 2, 2009 5:27:10 PM
Subject: [Urang Sunda] Budaya Nu Aya Di Tatar Sunda





Assalamaulaikum,

Simkuring bade ngawanohkeun diri.
Nami : Taupik Nurhidayat
Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu halal
Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis

Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku urang 
sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu nembe 
sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok sananos 
ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang panginten..

dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka ayeuna 
sabaraha hiji ?
3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?

Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse

    

   


      

Kirim email ke