Wa'alaikumsalaam w. w.

Ngiring ngarenyohan...

   1. Sual etnisitas, babangsaan atawa susukuan, teuing kunaon di urang bet
   sok aya teg bae aya rasa teu ngeunah, padahal sabenerna mah bisa kajawab
   cukup teges dumasar kana jihat naon eta patarosan. Di tempat kuring gawe,
   sarat pikeun diaku bangsa Sunda teh nyaeta teu meunang aya bangsa sejen dina
   silsilah urang tilu generasi ka luhur (indung bapa, nini-aki ti indung ti
   bapa, jeung uyut kabehanana kasebut Sunda). Jadi, suka teu suka, contona bae
   kuring, lain urang Sunda, da aya unsur Jawa ti punbapa. Tah, sual silsilah
   ieu, hadena mah bisa ditepikeun ka turunan urang, ulah nepi pareumeun obor,
   kusabab dina sababaraha aspek, utamana tumali jeung medis, ieu teh aya
   pangaruhna. Aya oge cenah babangsaan tina jihat budaya/sosial-pulitik. Conto
   gampangna mah Amerika. Jalma bule, hideung, sipit, bisa pada2 ngaku urang
   Amerika, sarta teu bisa disalahkeun. Tah, mun aya urang Cina atawa nu meleg2
   ngaran tukangna Nasution ngaku dirina urang Sunda, Sunda dina hal ieu bisa
   dihartikeun kawas Amerika dina conto di luhur, Sunda dina harti budidaya.
   2. (jeung 3) kumaha cara nataanana nya? Nuturkeun jawaban A. Gunawan we,
   ngarah teu kagok lieur... :P
   3. tempo nomer 2
   4. Upami mendakan dina harti nambut, mangga pilari bumina Ua Sasmita di
   Margacinta, Bandung. Upami bade meser, buku2 ngeunaan Sunda jeung sajarahna
   tiasa dipilari di sababaraha toko buku, utamana di kota2 di jabar, asal
   leukeun milarianana wee, gumantung ka di mana salira ayana deuih...

2009/5/2 Taupik Nurhidayat

>   Assalamaulaikum,
>
> Simkuring bade ngawanohkeun diri.
> Nami : Taupik Nurhidayat
> Padamelan : Ngalanglang Saba Sababaraha Sakola pikeun nyiar kipayah nu
> halal
> Asal : Buniseuri Cipaku Ciamis
>
> Simkuring kaetang kuuleun perkawis budaya sunda, sanaos simkuring ngaku
> urang sunda, ti lahir dugi ka ayeuna cicing di tatar sunda tapi nya kitu
> nembe sababaraha waktos kapengker sim kuring aya niat miwanoh budaya... sok
> sananos ngalangkungan ieu media sim kuring bade seueur tumaros kanu terang
> panginten..
>
> dikawitan supados urang mikawanoh kana budaya saena sim kuring tumaros kieu
> 1. Ari nu disebat Urang Sunda teh watesannana kumaha bae ?
> 2. Budaya Sunda nu tos kahasilkeun ti kawit aya kasebat Sunda dugi ka
> ayeuna sabaraha hiji ?
> 3. Naon Bae (dilajeng tina patarosan anu kadua).
> 4. Dimana Simkuring tiasa mendakan buku atanapi sajarah ngeunaan sunda?
>
> Hatur Nuhun Sateuacanna Wilujeng Ngalagena Kanggo nu Nuju Nyalse
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke