kabeneran kuring boga album kendang penca. urang padungdung lah. he..he...he...

Kadek Siah Ku Aing !!!


mh wrote:

Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing,
ti pasisian Garut Kaler.

Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng
tukang dongeng, najan ukur di dunya maya.

Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh,
ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga.

Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng
di radio tiasa dikembangkeun di Internet.

Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu:
Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira
durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis;
Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna,
sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig
musik; teras simpen file mp3-na di goah publik;
terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang
multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam
hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting.

Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda
ngarambah Internet.

nuhun
mh

.



--

Kirim email ke