aya dongen on line uing ngarasa kabantu. lumayan jadi rada boga tabungan jangeun engke lamun geus boga anak. pan anak maha resep ku dongeng.
2009/5/19 mh <[email protected]> > > > Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing, > ti pasisian Garut Kaler. > > Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng > tukang dongeng, najan ukur di dunya maya. > > Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh, > ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga. > > Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng > di radio tiasa dikembangkeun di Internet. > > Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu: > Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira > durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis; > Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna, > sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig > musik; teras simpen file mp3-na di goah publik; > terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang > multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam > hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting. > > Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda > ngarambah Internet. > > nuhun > mh > >

