Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing,
ti pasisian Garut Kaler.
Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng
tukang dongeng, najan ukur di dunya maya.
Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh,
ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga.
Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng
di radio tiasa dikembangkeun di Internet.
Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu:
Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira
durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis;
Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna,
sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig
musik; teras simpen file mp3-na di goah publik;
terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang
multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam
hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting.
Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda
ngarambah Internet.
nuhun
mh
.