Bagea ki dulurs ........

Bieu pisan meunang telepon ti nomor +62818735XXX 05-06-09 12:47 (bising perlu 
mah aya keneh ka "record") , ngakuna sih ngaranna teh ADI .... (EDI ...!?) 
cenahna ti PT Excelcomindo Pratama Tbk. JKT (Pusat) ngabejaan yen sim kuring 
meunang Rp 12jt lan pulsa 1jt. Nya ahamdulillah wae ari keur kuring mah 
.......... (Bari geus teg oge yen jalma teu baleg ieu teh, tp hayang nyaho rek 
dilayanan wae ........Apaleun deuih yen nomor kuring teh dumukna di Bali)

Cenah mah duitna (nu Rp 12jt) teh bisa 2 cara dipikamilikna teh. (1) ditransfer 
(2) di cokot ka Jakarta. Ari ceuk kuring teh, Apanan di Denpasar oge aya Kantor 
XL. Teu bisa ..... cenah .... lantaran ieu mah hubunganna jeung promosi ti 
kantor pusat, jadi kudu ka kantor pusat ..........

Ah ... kagok baseuh ......... ditanyakeun wae .... di mana atuh di JKT-na 
...... Cenahna teh sok wae aya di Jl. HM Rasuna Said ............ tapi les wae 
pareum ........... Bedul siah ......!!! Hadena manehna anu nelepon ..........

Ngan hanjakal wae teu karekam tah obrolanna .... lamun ngabejaan heula wae rek 
nipu di rekam siah keur bukti .....!!! Ngan iseng wae di SMS ka nomor manehna, 
montong ngaheureuyan urang Bali bising beunang ku karmaphala siah ....!!! Duka 
teuing tah ....... nepi ka detik ayeuna can dibales SMS-na ..........

Tah bising aya nilipun nu nomorna di luhur ..... mangga wae nyanggakeun keur 
pangbeubeurah manah meunang duit badag he... he... he..... bari jeung teu 
katampa oge. Lamun aya nu apal / babaturanna teuing ah karep teuing ........ 
Ngan ari ceuk kuring mah ...... cing atuh kalakuan teh ...... mendingan usaha 
nu bener ..........! Sangkan hasilna oge bener keur awak urangna ..........

Saktiu wae heula .... pangalaman paramitra .... Bada Jumaahan ..........

Ari sugan teh anu kararieu mah teh geus teu jaman .......... sihoreng ... 
geuningan si mana horeng ...........


Wass.,



--------------------------------------------------------------------------------

      lakonan pagawaean anu bisa dijalankeun poe ayeuna .........
     


<<kg.gif>>

Attachment: online?u=ganles&m=g&t=1
Description: Binary data

Kirim email ke