seeueur pisan ayaeunamah gening, kamari abdi ge nampi pengirimna sanes deui nomer aneh sapertos xl atawa im3 (teu kenal nomerna) tapi ngakuna kuring menang hadiah 25 juta ti telkomsel, ari eta mah katingali nipuna, ayeuna mah bisaan, pengirimna teh namina TELKOMSEL, tapi ari di cek ternyata lain nomer customer service telkomsel, kade tah ulah percanten baraya.............pernah oge sababaraha bulan kapengker mah kitu oge ngaku telkomsel ti kantor pusat jakarta cenah abdi menang hariah 10 juta terus kedah nelepon ka ibu anu atawa bapak anu ti bagian keuangan, trus hayang nyaho diturut we ku abdi teh, singhoreng teh cenah, ibu ka atm heula trus telepon abdi deui dipayunenun mesin atm, ku abdi teh ditipu we pura2 dihareupeun mesin atm, terus abdi dititah ngasupkeun kartu atam abdi, terus cenah sebutkeun saldo abdi lamun ditambah 10 juta jadi sabaraha nya abdi teh ngarang, ku abdi ditambahan 500 rebu weh ngakuna, buru2 ibu cenah, ceuk manehna teh loba keneh nu kudu di telepon jang mikeun hadiah, ah ditutup we ku abdi teh, pasangka abdi mah manehna teh ngajak ngobrol di atm sangkan bisa ngalacak nomer pin urang meureun make jasa hacker siganamah..........
nuhun ah
ngiring babagi pangalaman
yuvie ti banjarbaru kalsel
----- Original Message -----
From: Ganles MGM
To: .Milist AKSI-85 ; .Milist Alumni-Smunsa ; .Milist Kisunda ; .Milist Urang
Sunda
Sent: Friday, June 05, 2009 1:35 PM
Subject: [Urang Sunda] 12 jt + bonus pulsa 1jt
Bagea ki dulurs ........
Bieu pisan meunang telepon ti nomor +62818735XXX 05-06-09 12:47 (bising perlu
mah aya keneh ka "record") , ngakuna sih ngaranna teh ADI .... (EDI ...!?)
cenahna ti PT Excelcomindo Pratama Tbk. JKT (Pusat) ngabejaan yen sim kuring
meunang Rp 12jt lan pulsa 1jt. Nya ahamdulillah wae ari keur kuring mah
.......... (Bari geus teg oge yen jalma teu baleg ieu teh, tp hayang nyaho rek
dilayanan wae ........Apaleun deuih yen nomor kuring teh dumukna di Bali)
Cenah mah duitna (nu Rp 12jt) teh bisa 2 cara dipikamilikna teh. (1)
ditransfer (2) di cokot ka Jakarta. Ari ceuk kuring teh, Apanan di Denpasar oge
aya Kantor XL. Teu bisa ..... cenah .... lantaran ieu mah hubunganna jeung
promosi ti kantor pusat, jadi kudu ka kantor pusat ..........
Ah ... kagok baseuh ......... ditanyakeun wae .... di mana atuh di JKT-na
...... Cenahna teh sok wae aya di Jl. HM Rasuna Said ............ tapi les wae
pareum ........... Bedul siah ......!!! Hadena manehna anu nelepon ..........
Ngan hanjakal wae teu karekam tah obrolanna .... lamun ngabejaan heula wae
rek nipu di rekam siah keur bukti .....!!! Ngan iseng wae di SMS ka nomor
manehna, montong ngaheureuyan urang Bali bising beunang ku karmaphala siah
....!!! Duka teuing tah ....... nepi ka detik ayeuna can dibales SMS-na
..........
Tah bising aya nilipun nu nomorna di luhur ..... mangga wae nyanggakeun keur
pangbeubeurah manah meunang duit badag he... he... he..... bari jeung teu
katampa oge. Lamun aya nu apal / babaturanna teuing ah karep teuing ........
Ngan ari ceuk kuring mah ...... cing atuh kalakuan teh ...... mendingan usaha
nu bener ..........! Sangkan hasilna oge bener keur awak urangna ..........
Saktiu wae heula .... pangalaman paramitra .... Bada Jumaahan ..........
Ari sugan teh anu kararieu mah teh geus teu jaman .......... sihoreng ...
geuningan si mana horeng ...........
Wass.,
------------------------------------------------------------------------------
lakonan pagawaean anu bisa dijalankeun poe ayeuna .........
<<kg.gif>>
online?u=ganles&m=g&t=1
Description: Binary data

