Tah sumuhun kitu kang, kahade we ayeuna mah, da seur nu pinter dina nu karitu, 
asup akal pisan mun manehna make jasa heker jang maluruh PIN nu urang, teu aya 
nu aman di dunia maya mah kang salami eta transaksi teh OnLine, kitu tah kanggo 
abi pribadi mah..

baktos




________________________________
From: yuvie <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, June 8, 2009 4:20:07 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] 12 jt + bonus pulsa 1jt





seeueur pisan ayaeunamah gening, kamari abdi ge nampi pengirimna sanes deui 
nomer aneh sapertos xl atawa im3 (teu kenal nomerna) tapi ngakuna  kuring 
menang hadiah 25 juta ti telkomsel, ari eta mah katingali nipuna, ayeuna mah 
bisaan, pengirimna teh namina TELKOMSEL, tapi ari di cek ternyata lain nomer 
customer service telkomsel, kade tah ulah percanten baraya...... .......pernah 
oge sababaraha bulan kapengker mah kitu oge ngaku telkomsel ti kantor pusat 
jakarta cenah abdi menang hariah 10 juta terus kedah nelepon ka ibu anu atawa 
bapak anu ti bagian keuangan, trus hayang nyaho diturut we ku abdi teh, 
singhoreng teh cenah, ibu ka atm heula trus telepon abdi deui dipayunenun mesin 
atm, ku abdi teh ditipu we pura2 dihareupeun mesin atm, terus abdi dititah 
ngasupkeun kartu atam abdi, terus cenah sebutkeun saldo abdi lamun ditambah 10 
juta jadi sabaraha nya abdi teh ngarang, ku abdi ditambahan 500 rebu weh 
ngakuna, buru2 ibu cenah, ceuk manehna teh loba
 keneh nu kudu di telepon jang mikeun hadiah, ah ditutup we ku abdi teh, 
pasangka abdi mah manehna teh ngajak ngobrol di atm sangkan bisa ngalacak nomer 
pin urang meureun make jasa hacker siganamah... .......
 
 
nuhun ah
ngiring babagi pangalaman
yuvie ti banjarbaru kalsel
----- Original Message ----- 
From: Ganles MGM 
To: .Milist AKSI-85 ; .Milist Alumni-Smunsa ; .Milist Kisunda ; .Milist Urang 
Sunda 
Sent: Friday, June 05, 2009 1:35 PM
Subject: [Urang Sunda] 12 jt + bonus pulsa 1jt

Bagea ki dulurs ........
 
Bieu pisan meunang telepon ti nomor +62818735XXX 05-06-09 12:47 (bising perlu 
mah aya keneh ka "record") , ngakuna sih ngaranna teh ADI .... (EDI 
...!?)cenahna ti PT Excelcomindo Pratama Tbk. JKT (Pusat)ngabejaan yen sim 
kuring meunang Rp 12jt lan pulsa 1jt. Nya ahamdulillah wae ari keur kuring mah 
.......... (Bari geus teg oge yen jalma teu baleg ieu teh, tp hayang nyaho rek 
dilayanan wae ........Apaleun deuih yen nomor kuring teh dumukna di Bali)
 
Cenah mah duitna (nu Rp 12jt) teh bisa 2 cara dipikamilikna teh. (1) ditransfer 
(2) di cokot ka Jakarta. Ari ceuk kuring teh, Apanan di Denpasar oge aya Kantor 
XL. Teu bisa ..... cenah .... lantaran ieu mah hubunganna jeung promosi ti 
kantor pusat, jadi kudu ka kantor pusat ..........
 
Ah ... kagok baseuh ......... ditanyakeun wae .... di mana atuh di JKT-na 
...... Cenahna teh sok wae aya di Jl. HM Rasuna Said ............ tapi les wae 
pareum ........... Bedul siah ......!!! Hadena manehna anu nelepon ..........
 
Ngan hanjakal wae teu karekam tah obrolanna .... lamun ngabejaan heula wae rek 
nipu di rekam siah keur bukti .....!!! Ngan iseng wae di SMS ka nomor manehna, 
montong ngaheureuyan urang Bali bising beunang ku karmaphala siah ....!!! Duka 
teuing tah ....... nepi ka detik ayeuna can dibales SMS-na ..........
 
Tah bising aya nilipun nu nomorna di luhur ..... mangga wae nyanggakeun keur 
pangbeubeurah manah meunang duit badag he... he... he..... bari jeung teu 
katampa oge. Lamun aya nu apal / babaturanna teuing ah karep teuing ........ 
Ngan ari ceuk kuring mah ...... cing atuh kalakuan teh ...... mendingan usaha 
nu bener ..........! Sangkan hasilna oge bener keur awak urangna ..........
 
Saktiu wae heula .... pangalaman paramitra .... Bada Jumaahan ..........
 
Ari sugan teh anu kararieu mah teh geus teu jaman .......... sihoreng ... 
geuningan si mana horeng ...........

Wass.,

________________________________

  lakonan pagawaean anu bisa dijalankeun poe ayeuna ......... 
 



      

Kirim email ke