Juragan,
Pernah ku saya mah ditanya: "Ari maneh rek nipu nya?!!?" ceuk kuring.
Jawabna teh: "Namanya juga usaha!"

baktos
tantan

2009/6/9 rudi rohan <[email protected]>:
>
>
> Tah sumuhun kitu kang, kahade we ayeuna mah, da seur nu pinter dina nu
> karitu, asup akal pisan mun manehna make jasa heker jang maluruh PIN nu
> urang, teu aya nu aman di dunia maya mah kang salami eta transaksi teh
> OnLine, kitu tah kanggo abi pribadi mah..
>
> baktos
>
> ________________________________
> From: yuvie <[email protected]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, June 8, 2009 4:20:07 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] 12 jt + bonus pulsa 1jt
>
> seeueur pisan ayaeunamah gening, kamari abdi ge nampi pengirimna sanes deui
> nomer aneh sapertos xl atawa im3 (teu kenal nomerna) tapi ngakuna  kuring
> menang hadiah 25 juta ti telkomsel, ari eta mah katingali nipuna, ayeuna mah
> bisaan, pengirimna teh namina TELKOMSEL, tapi ari di cek ternyata lain nomer
> customer service telkomsel, kade tah ulah percanten baraya......
> .......pernah oge sababaraha bulan kapengker mah kitu oge ngaku telkomsel ti
> kantor pusat jakarta cenah abdi menang hariah 10 juta terus kedah nelepon ka
> ibu anu atawa bapak anu ti bagian keuangan, trus hayang nyaho diturut we ku
> abdi teh, singhoreng teh cenah, ibu ka atm heula trus telepon abdi deui
> dipayunenun mesin atm, ku abdi teh ditipu we pura2 dihareupeun mesin atm,
> terus abdi dititah ngasupkeun kartu atam abdi, terus cenah sebutkeun saldo
> abdi lamun ditambah 10 juta jadi sabaraha nya abdi teh ngarang, ku abdi
> ditambahan 500 rebu weh ngakuna, buru2 ibu cenah, ceuk manehna teh loba
> keneh nu kudu di telepon jang mikeun hadiah, ah ditutup we ku abdi teh,
> pasangka abdi mah manehna teh ngajak ngobrol di atm sangkan bisa ngalacak
> nomer pin urang meureun make jasa hacker siganamah... .......
>
>
> nuhun ah
> ngiring babagi pangalaman
> yuvie ti banjarbaru kalsel
>
> ----- Original Message -----
> From: Ganles MGM
> To: .Milist AKSI-85 ; .Milist Alumni-Smunsa ; .Milist Kisunda ; .Milist
> Urang Sunda
> Sent: Friday, June 05, 2009 1:35 PM
> Subject: [Urang Sunda] 12 jt + bonus pulsa 1jt
>
> Bagea ki dulurs ........
>
> Bieu pisan meunang telepon ti nomor +62818735XXX 05-06-09 12:47 (bising
> perlu mah aya keneh ka "record") , ngakuna sih ngaranna teh ADI .... (EDI
> ...!?) cenahna ti PT Excelcomindo Pratama Tbk. JKT (Pusat) ngabejaan yen sim
> kuring meunang Rp 12jt lan pulsa 1jt. Nya ahamdulillah wae ari keur kuring
> mah .......... (Bari geus teg oge yen jalma teu baleg ieu teh, tp hayang
> nyaho rek dilayanan wae ........Apaleun deuih yen nomor kuring teh dumukna
> di Bali)
>
> Cenah mah duitna (nu Rp 12jt) teh bisa 2 cara dipikamilikna teh. (1)
> ditransfer (2) di cokot ka Jakarta. Ari ceuk kuring teh, Apanan di Denpasar
> oge aya Kantor XL. Teu bisa ..... cenah .... lantaran ieu mah hubunganna
> jeung promosi ti kantor pusat, jadi kudu ka kantor pusat ..........
>
> Ah ... kagok baseuh ......... ditanyakeun wae .... di mana atuh di JKT-na
> ...... Cenahna teh sok wae aya di Jl. HM Rasuna Said ............ tapi les
> wae pareum ........... Bedul siah ......!!! Hadena manehna anu nelepon
> ..........
>
> Ngan hanjakal wae teu karekam tah obrolanna .... lamun ngabejaan heula wae
> rek nipu di rekam siah keur bukti .....!!! Ngan iseng wae di SMS ka nomor
> manehna, montong ngaheureuyan urang Bali bising beunang ku karmaphala siah
> ....!!! Duka teuing tah ....... nepi ka detik ayeuna can dibales SMS-na
> ..........
>
> Tah bising aya nilipun nu nomorna di luhur ..... mangga wae nyanggakeun keur
> pangbeubeurah manah meunang duit badag he... he... he..... bari jeung teu
> katampa oge. Lamun aya nu apal / babaturanna teuing ah karep teuing ........
> Ngan ari ceuk kuring mah ...... cing atuh kalakuan teh ...... mendingan
> usaha nu bener ..........! Sangkan hasilna oge bener keur awak urangna
> ..........
>
> Saktiu wae heula .... pangalaman paramitra .... Bada Jumaahan ..........
>
> Ari sugan teh anu kararieu mah teh geus teu jaman .......... sihoreng ...
> geuningan si mana horeng ...........
> Wass.,
>
> ________________________________
>
>  lakonan pagawaean anu bisa dijalankeun poe ayeuna .........
>
>
>
> 



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan
Kebahagiaan I Bogor

Kirim email ke