"Kiri, kuda-kuda depan, ha !!!" Mas Asep, salah saurang pelatih di kolat, mere aba-aba. Barudak peserta ujian, ngalakukeun gerakan anu di parentahkeun ku manehna. Motor kuring asup ka palataran hiji sakola SMK di daerah jakarta pusat. harita di palataran sakola teh keur aya acara uji coba, lamun di kampus mah mid test meureun. Uji coba teh salah sahiji bagian tina kurikulum latihan Perguruan Silat Merpati Putih. Kuring memang pernah aktif di kolat (kelompok latihan) ieu, jadi sawaktu aya acara, kuring sok dibejaan. Ti saprak kawin, kegiatan kuring di merpati putih memang vakum, sanajan ari kahareup mah hayang aktif deui. Lain ku lantaran hayang sakti he..he..he.. ieu mah itung-itung olahraga we bari silaturahmi bersosialisasi. Kuring datang jam 9-an peuting, anu keur diuji teh masih murid-murid tingkat dasar.
HP kuring gugurubugan, sihoreng aya SMS asup, ti pamajikan, update lokasi he..he..he... ku kuring di telepon ngabejaan yen kuring geus tepi di JP - nickname na eta SMK -. Pamajikan kuring carita, keur leuleumpangan cenah, sabab geus karasa mules beuteungna. Harita tanggal 15 Agustus 2009, pamajikan kuring geus dua minggu aya di imah kolotna di Bogor. Manehna keur cuti melahirkan. Kakandungannana ayeuna geus bulan alaeun, ngan kari ngitung poe. Ceuk perkiraan dokter mah lahiran teh sekitar tanggal 18 agustus. Kira-kira jam 1.30 janari, anu keur ujian teh murid tingkat II jeung tingkat III, HP gugurubugan deui, aya SMS ti Kiki, dulur misan pamajikan. "Kang, teh Yeni tos karasaeun ...." cenah. Maca SMS kitu, kuring rada nyiak. Harita keneh kuring mangprung ka Bogor. Sajajalan kuring ngado'a ka Pangeran, ulah nepika siga dina film, pamajikan keur ngalahirkeun, salakina kacilakaan he..he..he... Alhamduillah kuring salamet nepi ka imah mitoha, sanggeus 2,5 jam kana motor, mapai jalan Jakarta-Bogor. Nepi ka imah mitoha jam 4 subuh, anu muka panto Teguh, adina pamajikan. Si tetehna tos dibidan cenah, nya ku manehna kuring dianteur ka imahna bidan. "Bidan Wastini", plang leutik warna bodas tulisana hideung nanceb hareupeun hiji imah gedong sisi jalan. Bidan Wastini teh bisa disebut bidan keluarga besar Haji Rasyid, buyutna pamajikan. Ampir kabeh anggota keluarga besar anu ngalahirkeun, dibidanan ku bidan Wastini. Manehna memang geus welasan taun muka praktek di ieu lembur, sanajan ari aslina mah ti Luragung, Kuningan. Kuring memang ngahaja teu ka Rumah Sakit, lantaran suudzon he..he..he.. Kuring pernah ningali berita, aya awewe anu lahiran di sesar, tapi sanggeus sesar eta awewe teh jadi lumpuh. Manehna jadi korban malpraktek. Salian ti eta, babaturan kuring di pagawean oge loba anu carita, yen di rumah sakit kadang-kadang sok aya "kongkalingkong". Puguh-puguh bisa lahir normal, tapi tetep we direkomendasikeun sesar. Sabab biaya lahiran normal jeung sesar bedana jauh. Tangtu we oknum rumah sakit mah milih sesar, sangkan duitna gede. Salian ti eta, kuring rada hariwang, saha nu ngajamin tenaga medis di rumah sakit teh bener-bener berkualitas. Kahariwang kuring cukup beralasan, sabab ningali barudak mahasiswa ayeuna, teu saeutik anu kuliahna teh sangeunahna, sanajan tangtu teu kabeh kitu. Loba mahasiswa anu beuki dugem, kumpul kebo, tawuran jsb. Anu awewena jadi ayam kampus, pikeun ngabiayaan gaya hirupna anu 'modern'. Masalah kuliah, bisa diatur, asal aya duit, peunteun sabaraha wae ge bisa, hayang AAA+++ oge bisa siganateh. he..he..he.. Aya deui kieu, kuring mensinyalir aya jalma anu ngarasa 'nggak keren' lamun lahiran henteu di rumah sakit teh. Lamun lahiran teu di rumah sakit, gengsi dong ! Tah nu ieu komo, kuring mah teu panuju pisan. Gengsi...makan tuh gengsi ! he..he..he... Dina hal lahiran, kuring kadang sok mangherankeun, naha loba awewe anu lahiranna di sesar. Sanajan eta sesar teh memang jalan anu kudu dilakukeun, ceuk tinjauan medis, lain ukur 'permainan' rumah sakit hungkul. Tapi naha bet jadi kudu sesar? kapanan Allah nyiptakeun awak manusa teh sampurna pisan. Tah tangtu dina hal ngalahirkeun oge, ku Allah geus dirancang sampurna. Tapi naha bet jadi kudu make cara sesar? Eta cenah posisi janin sungsang, atawa bla bla bla hasil pemeriksaan medis anu intina, lamun teu disesar bisa ngabahayakeun janin jeung indungna. Tah dina palebah dieu urang kudu introspeksi diri. Urang kudu nginget-nginget hal-hal naon wae anu nyababkeun "kondisi berbahaya" pikeun janin jeung indungna. Bisa wae gaya hirup si ibu anu caliweura, bisa oge lingkungan anu kurang sehat, jeung sajabana. Sabab-sabab pasti na mah kuring teu nyaho, da lain dokter. he..he..he.. Di imah bu Bidan teh aya ruangan husus mangrupa klinik leutik. Di jerona aya tilu ranjang beusi siga nu sok aya di rumah sakit jeung hiji ranjang/box leutik keur orok. Gigireun ranjang aya tabung oksigen gede, sagede tabung tukang las. Dina tunjangeun ranjang aya rak obat-obatan, oven jeung laci anu eusina peralatan bedah. Jadi sanajan 'kelas Bidan', tapi peralatan medisna cukup lengkep. Barang asup, kasampak pamajikan kuring keur ngagoler dina salah sahiji ranjang, bari nyangigir ka katuhu. Pamajikan kuring carita, mulai karasa mulesna jam 8 peuting tadi cenah. Tapi nya kitu, intervalna masih lila, sekitar 15 menitan. Mules...henteu deui, sanggeus 15 menit karek karasa mules deui, kitu we. Kuring nungguan di dinya nepi ka wanci balebat. Sanggeus di pariksa, ceuk bu bidan can bukaan-bukaan acan cenah, mending balik we heula, ke lamun geus karasa sering pisan mulesna, karek datang deui. Bu Bidan nyarankeun sangkan pamajikan loba leuleumpangan ameh ke pas lahiran lancar. Geus puguh kitu mah, nya pamajikan teh dibawa balik deui we ka imah. Kurang leuwih jam 1 beurang, pamajikan kuring beuki sering ngarasa mulesna, harita keneh bu bidan di jemput ku si Teguh. Bukaan 3, cenah ceuk bu bidan sanggeus mariksa. Biasana, bukaan teh nambah tiap sa-jam. Jadi lamun make perhitungan standar, lahiran teh sekitar jam 9 peuting. Tapi biasana mah memeh jam sakitu oge geus lahir. Ku sabab lila keneh nya bu Bidan balik deui ka imahna. Kira-kira wanci ashar, pamajikan ngabejaan, yen geus mimiti kaluar lendir campur getih cenah. Atuh harita keneh pamajikan dibawa ka imah bidan deui. Anu marengan ka bidan teh, mitoha awewe, nini jeung bibi pamajikan, jeung Rini, kapi bibi, anakna adina nini pamajikan (iklan banget he..he..he..). Nya kitu, alhamdulillah kulawarga besar pamajikan teh ngajaga pisan tali silaturrahmi. Keur mah memang, imah na teu jararauh, masih salingkup lembur eta. Barudak na oge, arulinna teh tara jeung batur, tapi masih jeung dulur-dulur keneh. Rini, sanajan kaitung kapi bibi, tapi umurna sahandapeun pamajikan. Manehna teh babaturan curhat jeng ngerumpi pamajikan kuring lamun keur di lembur. Jam 5 sore, pamajikan geus mulai ngaharegung nahan kanyeri, lafadz-lafadz dzikir diucapkeun ku manehna paselang jeung haregung. Kuring nangtung dina gigireuna beulah kenca, ngusapan kesang dina tarangna ku tisu. Gigireun kuring, indungna jeung ninina ngusapan bari ngupahan. Gigireun beulah katuhu, bibina nyekelan leungeuna. Gigireun bibina, bu bidan mariksa. Geus bukaan 9 cenah, saeutik deui. Alhamdulillah, sanajan ngarasakeun kanyeri nu taya hinggana, tapi pamajikan masih 'fully under control'. Manehna teu nepi ka jejeritan. Malah sakapeung mah bisa males banyolan bu bidan. Harita kuring mikir, berarti kondisi psikologis anu nyaman, penting pisan pikeun awewe anu keur ngajuru. Hal ieu kacontoan ku pamajikan. Manehna siap, percaya diri jeung ngarasa nyaman, sabab dilingkung ku jalma-jalma anu mikanyaah manehna. Aya Indungna, aya ninina, aya bibina, aya sobatna, aya kuring. Manehna hanteu ngarasa sorangan dina nyanghareupan ngajuru. Di luar hujan gede..... Allahu akbar, Allahu akbar ..... Adzan maghrib tina speaker mesjid tukangeun imah bu bidan kadenge handaruan. Sora adzan pacampur jeung seahna sora hujan, anu harita turun gede pisan. Dina tengah-tengah adzan, kadenge koceakna budak orok anu karek gumelar ka alam dunya. Anak kuring. Lalaki. Lahirna kabeulit tali ari-ari nepi ka dua beulit. Tapi alhamdulillah, Allah teu ngeursakeun hal nu pikasediheun, tapi ngersakeun pikabungaheun. Eta orok teh salamet, kitu deui indungna. Ahad, 16 Agustus 2009 wanci maghrib, anak si Irpan nu kahiji gumelar ka alam dunya... "Resi? lain resi mah lamun urang ngirim wesel, sok aya resina. embung ah..maenya anak yeni dingaranan resi. haduh lamun ngadenge resi teh kabayang kertas tanda terima. embung ah..." Pamajikan kuring protes.he..he..he... Waktu umur kakandungan keur ngora keneh, kuring geus ngadiskusikeun pingaraneun budak. Kuring hayang boga anak tilu, lalaki awewe lalaki. Tiluanana dikonsep ngabogaan widang masing-masing. Nu kahiji nu cikal, manehna anu pang gedena, kudu jadi panutan adi-adina, kudu jadi conto, sakaligus panggeuing. Ku kituna anak kuring nu kahiji kudu jadi jalma anu wijaksana tur luhur elmuna. Nu kadua nu tengah, manehna aya di tengah-tengah. Kudu hade ka lanceuk nyaah ka adi. Jadi pengayom dua-duana. Manehna oge jadi perlambang / ruh tina sifat dua lanceuk jeung adina. (nu ieu mah kuring rada hese nerangkeuna he..he..he...) Nu katilu nu bungsu, manehna ngawakilan budak ngora, pinuh energi pikeun ngalakukeun perubahan-perubahan. FYI, konsep ieu geus lila kapikir ku kuring, jauh samemeh aya postingan ngeunaan "Resi, Rama, Ratu" di milis. Sanggeus maca postingan di milis, kuring beuki bungah, sabab konsep/pikiran kuring ternyata tibaheula keneh geus aya he..he..he.. Pikeun anak kahiji kuring ngajukeun dua ngaran: - Muhammad Resi Raspati - Muhammad Aristoteles Alkindi Ngaran anu kahiji, ngabogaan cita-cita luhur, anak kuring ngabogaan sifat Resi anu luhur ku elmu jeung wijaksana. Salian ti eta manehna oge Raspati, gagah narik ati. Siapa dulu dong bapaknya he..he..he... Sedengkeun ngaran anu kadua, kuring make ngaran Ilmuwan Yunani abad 4SM nyaeta Aristoteles jeung Al-Kindi, Ilmuwan muslim di abad 9 M ( http://en.wikipedia.org/wiki/Alkindi ) . Duanana teh mangrupa ahli lain ngan dihiji widang elmu, tapi loba. Ku nerapkeun ngaran maranehna ka anak kuring, mudah-mudahan Allah ngersakeun anak kuring jadi salah saurang ulil albab, jalma anu salilana berfikir, nafakuran ciptaan-ciptaan Allah SWT, terus hasilna bisa diamalkeun pikeun kamaslahatan umat manusa di alam dunya. Duanana make ngaran Muhammad. Eta teh mangrupakeun pangjaga. Sacara harfiah kecap Muhammad teh hartina kurang leuwih 'terpuji' (lamun salah benerkeun nya). Jadi anak kuring ngabogaan sifat-sifat anu terpuji. Manehna pinter, tapi teu kabalinger, teu minteran batur komo ngabobodo batur mah. Sarengkak saparipolahna estu matak dipuji batur, dipuji lain lantaran pupujieun, tapi lantaran ahlakna anu hade. Sedengkeun makna sejena, urang ge geus pada nyaho, Muhammad teh ngaran manusa utama, kakasih Allah, Rosul panutup, anu nyampurnakeun ahlak manusa. Ku ngalarapkeun ngaran agung ieu, mugia Allah ngajadikeun anak kuring ngabogaan sifat-sifat anu sarua jeung Muhammad rosululloh. Ku sabab ngaran kahiji diprotes ku pamajikan, atuh anu dipake teh nya ngaran anu kadua. "Muhammad Aristoteles Alkindi", ngaran panggilana 'Al-Kindi' Dina ngaran eta, ngancik harepan jeung do'a kuring salaku kolotna, sangkan anak kuring jadi jalma nu utama. Amiin...

