sampurasun Punten ngiringan sakantenan bade waleh nepangkeun kasadaya kuring saparakanca didieu rupi-rupi.aya anu ti garut, tasik, kuningan, Banten, Bogor Alhamdulilah sagala aya. kuring sadaya nuju ngumbara di Pulau sumbawa seueur madu sareng susu kuda liar didieu mah.
Bade nambihan sakedik: complong mah cangkir alit kanggo eueut. Upami Tenong atanapi tetenong tempat katuangan bentukna silinder pendek + 10 cm jangkungna ageungna sami jeung nyiru kirang langkung. didamelna tina seng upami ditanggung kedah nganggo salang. biasanamah upami munjungan, nganteuran sareng sajabina. kerepusmah leres kopeah tea. Hatur nuhun. baktos Sabilulungan Sumbawa. ________________________________ From: rudi rohan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 27, 2009 4:57:25 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa bagea kang..tatanggaan geuning urang teh he he, abdi ti cianjur oge caket ka ciranjang sakaterang abdi mah kieu, punten bilih lepat: complong sareng tenong mah sabangsaning wawadahan mung wadah kanggo naon mah biasana mah pami ngala hiris atanapi sabangsana sok diwadahan kana tenong, pami krepus mah di abdi mah kopeah bin peci tea he he.. bilih aya nu langkung terang mangga tambihan atanapi dikoreksi.. baktos ________________________________ From: Tasnim Zanjabila <aku.i...@gmail. com> To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Wednesday, August 26, 2009 11:00:02 AM Subject: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa Baraya Apalteu naon ari hartosna : Complong, Krepus, jeung tenong : Di daerah uing mah di cianjur Selatan masih keneh bahsana teh rada ngabuhun.... Wassalam Taznim

