Panginten kedah dianteur ku manukna, supados ulah kabelejog, abdi mah kapungkur 
kaleresan, rerencangan kenal sareng manukna, alhamdulillah kantos ngaraosan 
susu kuda anu masih haneut keneh, henteu sapertos anu di Bandung tos haseum. 
Saurna anu maksad kuda liar didieu teh, kuda piaraan tapi hirupna dilepas 
dilapangan, henteu dikandangan.
Upami teu lepat, aya deui nu khas didieu teh nyaeta madu bodas jeung tempat 
nginum sabangsa complong dijieun tina kai. Tah ieu complong oge mun dieusian ku 
cai herang panas, cenah caina diinum bisa dijadikeun obat kanggo pameget, rasa 
caina pait saperti batarawali.
Upami madu asli kedah hati2 nyandakna, upami disimpen dina botol kaca upami 
kapanasan tiasa ngabeledag, langkung sae dicandakna nganggo jaligen alit.
Asana aya hiji deui oleh2 teh, nyaeta endog asin,mangga cobian rada benten 
raosna sareng nu ti bandung

Baktos abdi
Gagak Hideung
     




________________________________
From: Paguyuban Sabilulungan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, August 27, 2009 11:54:20 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa

  
Mang Jamal

Hatur nuhun parantos dibageakeun.
Nyaeta atuh, pang-pangna mah kabongroy ku susu
kuda liar. he...he...he. ....geuning di tatar pasundan seueur anu
ngical dugikeunka awis pisan pangaosna teh.  saurna landong itu-landong ieu.
naha ari didieu bet hese pisan.. ari di dongdon ka urang dieu, majarkeun teh,
"hese anu asli mah, upami seueur mah paling oge susu munding" 
duka leres henteu na mah. wallohualam bi sawab

Yakub
Paguyubansabilulung an Sumbawa


 



________________________________
From: mj <ja...@itenas. ac.id>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Thursday, August 27, 2009 12:22:22 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa

  
Bagea, aya USS deui yeuh. S tukangna Sumbawa . Nu kapungkur mah, USS, s panderi 
teh, senior alias aki-aki. Hehe
 
Wilujeng tepang baraya di sumbawa, nusa tenggara timur nya, baheula mah bagean 
ti sunda kecil tea.
 
Bral US , miang kamana mendi, kabeh ge bumi nu pangeran. Ngumbara nyacapkeun 
kawani kaludeung, neangan nu euweuh.
 
 
Mang jamal
Kuncen#3 bandung
Ngumbara ti galuh ka bdg “J
 

________________________________

From:urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On 
Behalf Of Paguyuban Sabilulungan
Sent: Thursday, August 27, 2009 11:08 AM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa
 
  
sampurasun 
 
Punten ngiringan sakantenan bade waleh nepangkeun kasadaya 
 kuring saparakanca didieu rupi-rupi.aya anu ti garut, tasik, kuningan, 
Banten, Bogor Alhamdulilah sagala aya.
kuring sadaya nuju ngumbara di Pulau sumbawa seueur madu 
sareng susu kuda liar didieu mah. 
 
Bade nambihan sakedik:
complong mah cangkir alit kanggo eueut.
Upami Tenong atanapi tetenong tempat katuangan bentukna silinder pendek + 10 cm 
jangkungna
ageungna sami jeung nyiru kirang langkung. didamelna tina seng
upami ditanggung kedah nganggo salang.
biasanamah upami munjungan, nganteuran sareng sajabina. 
kerepusmah leres kopeah tea.
Hatur nuhun.
 
baktos
Sabilulungan Sumbawa.

 




      

Kirim email ke