Mang upami pasak bumi khusus kanggo pameget, di kalimantan mah aya oge khusus kanggo istri, hilap deui namina, panginten teh roro terangeun. Naha ieu oge tiasa janten campuran kopi ?
________________________________ From: mh <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, October 15, 2009 7:11:01 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa 2009/10/15 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> > > >Panginten kedah dianteur ku manukna, supados ulah kabelejog, abdi mah >kapungkur kaleresan, rerencangan kenal sareng manukna, alhamdulillah kantos >ngaraosan susu kuda anu masih haneut keneh, henteu sapertos anu di Bandung tos >haseum. Saurna anu maksad kuda liar didieu teh, kuda piaraan tapi hirupna >dilepas dilapangan, henteu dikandangan. >Upami teu lepat, aya deui nu khas didieu teh nyaeta madu bodas jeung tempat >nginum sabangsa complong dijieun tina kai. Tah ieu complong oge mun dieusian >ku cai herang panas, cenah caina diinum bisa dijadikeun obat kanggo pameget, >rasa caina pait saperti batarawali. Tempat nginum tina kai teh, upama di Borneo mah bahanna tina kai Pasak Bumi, salah sahiji bahan pikeun jamu. Di lembur tatangga mah ieu Pasak Bumi teh dijadikeun salah sahiji campuran kopi instan, disebutna teh kai Tongkat Ali. -mh-

