Ceuk kuring mah, naon anu nuju dihanca k Ua Sasmita, hiji anu penting, aya 
pakait sareng masalah budaya, upami teu didokumentarisir, bakal leungit hilang 
tanpa karana.
Mun tos didokumentasikeun, aya anu langkung penting nyaeta direinterpretasikeun 
deui. Masalah budaya hiji bangsa aya patalina jeung kaayaan harita (konteks). 
Aya anu sifatna universal,
 
Hartosna ti titinggal budaya ti jaman baheula nepi ka jaman ayeuna, nya siga 
kitu. Contona, budaya urang Kanekes miara lingkungan (leuweung) pikeun 
kalestarian alam, Ti baheula nepi ka ayeuna ngalestarikeun lingkungan alam teh 
penting. Tinggal perkara carana miara lingkungan alam, disesuaikan" jeung 
kaayaan ayeuna.
 
Masalah budaya teh masalah anu dinamis, pasti aya robahna diselaraskeun jeung 
kaayaan kiwari/perkembangan jaman, jeung kumaha kalolobaanana kahayang 
masyarakatna. Hal ieu teh hiji pakem sangkan budaya tetep bisa "survive".
Kuring oge ngarasa, "rumusan" budaya ieu sifatna masih "debatable". Bisa salah 
bisa bener. Teu naon-naon, tina perbedaan-perbedaan rumusan perkara budaya ieu, 
engke ngahasilkeun rumusan anu sifatna ngajurus ka universal (umum).
 
baktos,
 
mrachmatrawyani (AA UI)


From: opiq_benteng <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Milarian nu aralit.
To: [email protected]
Cc: "MSasmita" <[email protected]>
Date: Friday, October 16, 2009, 2:40 PM


  



 
mun lewat tangkal gede atanapi kuburan kudu menta ijin sabari ngahareos
"ser ser ser....numpang. ..numpang. .."
Mun nunjuk hileud kudu dilamot eta curuk anu nunjukna
Mun katinggang kudaun kudu di ciduhan ita daun anu nimpa sirah urangna
naon deui nyah....rada pararoho...
 

----- Original Message ----- 
From: MSasmita 
To: urangsu...@yahoogro ups.com 
Cc: MSasmita 
Sent: Thursday, October 15, 2009 9:05 AM
Subject: [Urang Sunda] Milarian nu aralit.

  

 
Milarian nu aralit, enya niat mah kitu, sigana eta ge kaasup "budaya dasar". 
Upamana :
 
1. Ngangon meri. Aya elmuna atanapi henteu ngangon meri teh. Anak meri nu 
kakara megar naon ngaranna, mun geus rada gede naon ngranana, mun geus diajar 
ngendog jeung saterusna nepi ka meri nu geus kolot, umur produktifna sabaraha 
jste.Tangtu nu sok ngangon meri di pilemburan mah apal. Aya henteuna "kearifan 
lokal" didinya, boa aya. Cek beja jadi tukang ngangon meri mah kudu jalma 
jujur, sabab lamun teu jujur merina sok ngendog dimana clona, bener kitu ieu 
teh..?
 
2. Miara lauk sapuratina, upamana sok manggih lauk emas nu bau taneuh, naha 
kitu, kumaha ngaleungitkeunana (cara tradisional) . Mun teu salah aya prasasti 
di Tatar Sunda nu ngalarang ngala lauk ti walungan. Naha? 
 
3. Pacilingan. Cek beja baheula mah masarakat teh lamun rek kabeuratan cukup ka 
reuma atawa ka susukan ka walungan komo kahampangan mah cukup ku dina conggang. 
Ti iraha aya pacilingan di urang? kumaha sajarahna?. Naha ieu teh aya keneh 
pangaruh baheula nepi ka WC Umum di ruang publik sanajan di kota gede di Tatar 
Sunda sok jorok bae. Padahal rek ngurus WC sangkan beresih mah teu kudu jadi 
nagara maju heula. Geura sok tingali WC di terminal beus, di stasion kareta di 
Bandung asa jorok.  
 
4. Ngasah peso atawa bedog. Kaur budak kungsi dibejaan ku kolot, batu asahan 
teh ulah kalengkahan, nepi ka ayeuna can kapaluruh naon maksudna. Peso atawa 
bedog teu meunang dipake ngali taneuh, sok tereh mintul cenah, ari ieu mah 
kaharti. Boa-boa didinya aya kearifan lokal. Pakarang, ngasah, tatanen jste. 
Boa boa aya kearifan lokal.
 
5. Nyadap. Kecap nyadap aya dina sababaraha naskah kuna Sunda, nyadap boa boa 
ulah ngan sakadar ditingali ngala lahang wungkul (pangupa jiwa). Meureun 
didinya aya elmuna, aya jangjawokanana (sistem religi masarakat), jste.
 
6. Ngaseuk. Paranti ngaseuk biasana tina dahan kai sagede leungeun panjangna 
satangtung. Naha ieu teh aya pakaitna jeung lingga yoni? jste.
 
7. Nutu. Paranti nutu aya lisung jeung halu.
 
8. Sarung. Ti iraha bangsa Sunda sok make kana sarung? pangaruh timana, asli 
lokal?, jste.
 
9. Jste (jeung sajabana ti eta). 
 
Ka baraya sadayana, diantos artikelna ngaguar nu kararitu, diberendelkeun soteh 
eta mah mung sakainget teu aya maksad mapatahan ngojay ka meri. Panuhun teh 
artikelna tina tinjauan arkeologi sareng tafsirna, teu mung sakadar tina 
tinjauan ekonomi. Tapi ketah mangga we eta mah teu langkung nu gaduh maksad. 
Manawi we kabiruyungan urang muat dina Cupumanik. Hatur nuhun, diantos 
artikelna.
 
MSas
 
 
 
 
 
















      

Kirim email ke