Ari nyebutkeun nagara nagara sekuler kitu, tos biasa ngaduga da ti saprak 
ngadeg ieu nagara oge tos puguh jujutanana, ngan mun nilik tina perkara poenan 
lebaran anu beda mah asa bingung mun dikaitkeun jeung perkara sistim anu 
sakuler.

Si kuring teu pati apal anu disebutkeun sekuler nu sabelegenjeurna teh nu 
kumaha, kusabab mun ngadurenyomkeun perkara ageman Islam, di urang anu disebut 
sekuler teh masih keneh ngiket kana perkara dasar-dasar agama/sareat, lamun tea 
mereun sekuler dina masalah agama nyangkut kana kabebasan sagalarupana, atuh 
mereun Ahmadiyyah cungkelik cungkedang, Lia Eden jeung ajaran2 sejenna nu ngaku 
“Islam” bakal surak, sholat atuh teu kudu make alfathihah ku basa arab, sanajan 
kekeuh ceuk urang “bener” tetep bakal diubrak abrik tah, mun teu ku aparat nya 
ku rahayat sejenna, atawa saeutikna diwawadian ku MUI yen nu kitu teh salah, 
tah nu kieu masih keneh nyongcolang nepika detik ieu, hartina aya 
batasan-batasan dimana kabebasan (muhtalif) jeung dimana katantuan anu eksak 
(tauqifi), ieu masih keneh atra jelas di nagara urang, kitu deui dinagara 
lainna da nu puguhmah ieu geus bagianana para pupuhu agama/ulama.

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of waluya2006
Sent: 14 September 2009 9:48
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Sekuler?-->Re: LEBARAN Euy!

 

  

> mh <khs...@...> wrote:
> Pemerintah menghargai keputusan Muhammadiyah yang telah menetapkan
> tanggal Idul Fitri. Hal itu adalah hak setiap organisasi massa 
> dalam menentukan hari raya keagamaan yang disesuaikan dengan 
> keyakinan dan cara perhitungan masing-masing. ”Itu adalah 
> keputusan internal Muhammadiyah sebagai sebuah ormas. Berdasarkan > hisab 
> atau perhitungan mereka, Idul Fitri jatuh pada hari 
> Minggu,” ujarnya.

Tah ieu salah sahiji nu nunjukkeun yen nagara urang teh sabenerna NAGARA 
SEKULER nu dasarna PANCASILA, hari raya kaagamaan dibebaskeun ditangtukeun ku 
masyarakat (ormas), sanajan nagara oge (Depag) ngilu nangtukeun, tapi teu 
ngiket. Mangga bandingkeun sareng nagara-nagara nu ngaku didasarkeun ku SYARIAH 
ISLAM, pasti tanggalna
saragam, moal beda-beda siga di urang ......

Baktos,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4424 (20090914) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4424 (20090914) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com


__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4425 (20090914) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke