-----Original Message-----
From: "mj" <[email protected]>
Date: Tue, 29 Sep 2009 04:23:23
To: Aa Ican<[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi
Waduh jadi inget kajadian pikaeraeun yeuh. Aya Tina ansersen pagawe
perpustakaan sakola boga anak tilu, salakina tkng listrik. Libur taunan rek ka
thailand. Liwat e-mail diolo sangkan nyimpang ka bdg. Tapi cenah aya ge ka bali
dina jadwal travel birona. Nya nanya ke bari ka bali nyimpang cenah ka bandung.
Sangkaanana deukeut.
Nya dibejakeun bali-bandung the meureun sarua ti kopenhagen ka tungtung jerman
kidul. Kageteun.
Nupikaeraeunana? Basa tina keur di bali, kajadian bom bali I! Beu! Sanajan
yakin moal aya di cafe paddy _tpt dugem bule_da mawa budak tilu, buru2 di
email. Nanyakeun soal manehna bari menta hampura. Isukna tas kajadian cenah
manehna jeung kulawargana langsung balik. Harita manehna keur di kuta oge jeung
hotelna teu jauh ti paddy.
Aya pia jensen urang korsor nu basa lulus sma cenah piknik ka indonesia milu
travel biro marcopolo cenah. Mapay ti sumatra nepi ka lombok. Di kamerna enya
aya foto2 danau toba, gunung berapi (denmark teu boga gunung), borobudur jeung
foto budak awewe duka urg mana close up. Foto2 beunang manehna.
Harita diajak dahar di imahna. Ibuna masak sop. Pancina ditunda na meja makan.
Paranti nyokot sop tina panci naon cing? Siwur! Haha enya siwur nu paranti
nyokot cai kana seeng! Nu bahana batok kalapa tea! Haha cenah eta meunang meuli
di indonesia oleh2 jang ibuna! Haha. Rek dibejaan yen eta mah lain paranti
ngeduk sop, si ibuna kaburu nyarita, resep cenah makena, da resep make
paparabotan nu make bahan alam! Haha
-----Original Message-----
From: Aa Ican <[email protected]>
Date: Tue, 29 Sep 2009 10:41:27
To: <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi
tah, mang... ka babaturan baheula urang denmark, utamana anu resep tantangan
jeung macu adrenalin, sina arameng ka indonesia. pan kahirupan sapopoe di
dieu mah teu weleh macu adrenalin, misalna bae pas jam2 padet ngahajakeun
ngadon momotoran, moal teu macu adrenalin... komo mun kabeneran digerebeg
densus 88 mah! heuheu...
2009/9/29 mj
> Enya, hukum di dinya mah geus bagean hirup sapopoe. Aturan nu basajan teh
> geus built-in narapel dina diri, cara disiplin soal runtah.
>
> Sanajan kitu sistim pencegahan tetep diterapkeun. Conto: unggal nu ngeusi
> flat asrama kudu nunda duit deposit 500kroner pikeun jaminan kamer tetep
> bersih rapi engke ari rek ditinggalkeun mulanh. (Asramana www.dfc.dk).
> Basa rek mulang, parabot dapur di pantry (masing2 kamer aya pantry, dapur
> leutik nu kompak, kompor listrik kulkas bak cuci ngahiji) kudu bersih. Mun
> teu bersih duit deposit 500 kroner moal dibalikeun.
>
> Kungsi tengah peuting balik dugem di cafe copenhagen jeung si rasmus
> jorgensen. Sanajan bari satengah teller ku tequila, si rasmus teu wani
> meuntas jalan. Nunggu lampu meuntas hejo. Padahal jalan sepi teu aya mobil
> lalar liwat. Hayu nyebrang cekeng teh da euweuh mobil ieuh. Manehna ngajawab
> itu lampu can hejo. Haha.
>
> Sabulan cicing di kopenhagen karasa bosen. sagalana ngalir lancar sabab
> tertib. Kacuali urusan pelajaran sakola, urusan sejen mah teu matak stres.
> Boro boro urusan nagara nu badag, da jadwal biskota nu liwat halte hareupeun
> asrama oge pas jadwal. Isuk-isuk -jam 12an tiap 15menit. Beurang ka sore
> tiap 20menit.
>
> Sagalana geus digarap dipikiran tur dieksekusi kalayan hade. Bakat ku
> tertibna nepi ka hal2 leutik, Aya babaturan urang ponorogo gogodeg bari
> nyeletuk: edan! Haha.
>
> Da eta we di trotoar nu tina batu alam, aya batu di tengah trotoar rada
> ngajendol. Nanya ka si jensen, oh eta teh pikeun jalur nu lolong. Batu eta
> pikeun panduan iteuk nu lolong! Jalur sepeda aya husus, aspal sameteran sisi
> katuhu jalan mobil. Leuwih jangkung saeutik ti jalan mobil.
>
> kusabab jarang kajadian peristiwa kriminal, dina ayana kajadian sok jadi
> headline koran. Haha
>