-----Original Message-----
From: "mj" <[email protected]>
Date: Tue, 29 Sep 2009 03:30:19
To: Aa Ican<[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi
Enya, hukum di dinya mah geus bagean hirup sapopoe. Aturan nu basajan teh geus
built-in narapel dina diri, cara disiplin soal runtah.
Sanajan kitu sistim pencegahan tetep diterapkeun. Conto: unggal nu ngeusi flat
asrama kudu nunda duit deposit 500kroner pikeun jaminan kamer tetep bersih rapi
engke ari rek ditinggalkeun mulanh. (Asramana www.dfc.dk). Basa rek mulang,
parabot dapur di pantry (masing2 kamer aya pantry, dapur leutik nu kompak,
kompor listrik kulkas bak cuci ngahiji) kudu bersih. Mun teu bersih duit
deposit 500 kroner moal dibalikeun.
Kungsi tengah peuting balik dugem di cafe copenhagen jeung si rasmus jorgensen.
Sanajan bari satengah teller ku tequila, si rasmus teu wani meuntas jalan.
Nunggu lampu meuntas hejo. Padahal jalan sepi teu aya mobil lalar liwat. Hayu
nyebrang cekeng teh da euweuh mobil ieuh. Manehna ngajawab itu lampu can hejo.
Haha.
Sabulan cicing di kopenhagen karasa bosen. sagalana ngalir lancar sabab
tertib. Kacuali urusan pelajaran sakola, urusan sejen mah teu matak stres. Boro
boro urusan nagara nu badag, da jadwal biskota nu liwat halte hareupeun asrama
oge pas jadwal. Isuk-isuk -jam 12an tiap 15menit. Beurang ka sore tiap 20menit.
Sagalana geus digarap dipikiran tur dieksekusi kalayan hade. Bakat ku tertibna
nepi ka hal2 leutik, Aya babaturan urang ponorogo gogodeg bari nyeletuk: edan!
Haha.
Da eta we di trotoar nu tina batu alam, aya batu di tengah trotoar rada
ngajendol. Nanya ka si jensen, oh eta teh pikeun jalur nu lolong. Batu eta
pikeun panduan iteuk nu lolong! Jalur sepeda aya husus, aspal sameteran sisi
katuhu jalan mobil. Leuwih jangkung saeutik ti jalan mobil.
kusabab jarang kajadian peristiwa kriminal, dina ayana kajadian sok jadi
headline koran. Haha
-----Original Message-----
From: Aa Ican <[email protected]>
Date: Tue, 29 Sep 2009 09:30:44
To: <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi
aya oge hal anu teu kinten pentingna, nyaeta sistem hukum & aturan anu
nanjeur. rek sakumaha hadena oge eta aturan, ari henteu laksana mah
kateuteuari... kapan di urang mah aturan kari aturan, prakna mah sejen
deui... da ari sual kahayang mah, manusa di mana wae oge sarua, hayang
tingtrim hayang senang, teu aya hubunganana antara papaling jeung kaayaan
alam.
2009/9/29 mj
> Ari sacara ideologi mah kedah kitu urang teh. Cobi we sila keadilan sosial
> bagi seluruh rakyat indonesia. Adil lain wungkul dina hukum, tapi kum sadaya
> masalah kamanusaan (sosial)_.
>
> Ngan abot praktekna mun distudi bandingkeun teh. Nilik legana
> nagara,populasi oge karakter warga, soal homogen-heterogen jsb, jauh tanah
> ka langit. Oge faktor geografis, maranehna mah deukeut ka kutub utara urang
> mah pas di garis katulistiwa. Loba saeutikna kondisi eta mangaruhan tabeat
> watak jst. Sigana rasa sanasib urang dinya leuwih kandel, jadi niat papaling
> milik umum minim. Alamna ge miskin, ngan boga minyak di laut utara kitu ge
> cenah dibagi ku norwegia.
>