Baraya geus aya deui bae tah ngaran si kuring disebutkeun ku Menristek: http://web.bisnis.com/edisi-cetak/edisi-harian/manufaktur/1id139063.html
Kamari dina Jakarta Post ayeuna na Bisnis Indonesia, paingan ceuli panas euy... Sonona, Yaya Yaya Rukayadi B504, Biomaterials Research Laboratory Department of Biotechnology College of Life Science and Biotechnology Yonsei University 134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu Seoul, 120-749, South Korea Tel: 82+2+2123+4097 Fax: 82+2+362-7265 Mobile: 82+10-7677-0817 E-mail: [email protected] or [email protected] --- On Tue, 9/29/09, mj <[email protected]> wrote: > From: mj <[email protected]> > Subject: Fw: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi > To: [email protected] > Date: Tuesday, September 29, 2009, 3:02 AM > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > From: "mj" <ja...@itenas. > ac.id> > Date: Tue, 29 Sep 2009 04:23:23 > +0000To: Aa Ican<ia.ad...@gmail. > com>Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: > Denmark, Nagara Bebas Korupsi > Waduh jadi inget kajadian pikaeraeun yeuh. Aya Tina > ansersen pagawe perpustakaan sakola boga anak tilu, salakina > tkng listrik. Libur taunan rek ka thailand. Liwat e-mail > diolo sangkan nyimpang ka bdg. Tapi cenah aya ge ka bali > dina jadwal travel birona. Nya nanya ke bari ka bali > nyimpang cenah ka bandung. Sangkaanana deukeut. > > Nya dibejakeun bali-bandung the meureun sarua ti kopenhagen > ka tungtung jerman kidul. Kageteun. > > Nupikaeraeunana? Basa tina keur di bali, kajadian bom bali > I! Beu! Sanajan yakin moal aya di cafe paddy _tpt dugem > bule_da mawa budak tilu, buru2 di email. Nanyakeun soal > manehna bari menta hampura. Isukna tas kajadian cenah > manehna jeung kulawargana langsung balik. Harita manehna > keur di kuta oge jeung hotelna teu jauh ti paddy. > > Aya pia jensen urang korsor nu basa lulus sma cenah piknik > ka indonesia milu travel biro marcopolo cenah. Mapay ti > sumatra nepi ka lombok. Di kamerna enya aya foto2 danau > toba, gunung berapi (denmark teu boga gunung), borobudur > jeung foto budak awewe duka urg mana close up. Foto2 beunang > manehna. > > Harita diajak dahar di imahna. Ibuna masak sop. Pancina > ditunda na meja makan. Paranti nyokot sop tina panci naon > cing? Siwur! Haha enya siwur nu paranti nyokot cai kana > seeng! Nu bahana batok kalapa tea! Haha cenah eta meunang > meuli di indonesia oleh2 jang ibuna! Haha. Rek dibejaan yen > eta mah lain paranti ngeduk sop, si ibuna kaburu nyarita, > resep cenah makena, da resep make paparabotan nu make bahan > alam! Haha > From: Aa Ican <ia.ad...@gmail. > com> > Date: Tue, 29 Sep 2009 10:41:27 > +0700To: <ja...@itenas. > ac.id>Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: > Denmark, Nagara Bebas Korupsi > tah, mang... ka babaturan baheula urang denmark, > utamana anu resep tantangan jeung macu adrenalin, sina > arameng ka indonesia. pan kahirupan sapopoe di dieu mah teu > weleh macu adrenalin, misalna bae pas jam2 padet ngahajakeun > ngadon momotoran, moal teu macu adrenalin... komo mun > kabeneran digerebeg densus 88 mah! heuheu... > > > 2009/9/29 mj > > > > > > > > > > > > Enya, > hukum di dinya mah geus bagean hirup sapopoe. Aturan nu > basajan teh geus built-in narapel dina diri, cara disiplin > soal runtah. > > Sanajan kitu sistim pencegahan tetep diterapkeun. Conto: > unggal nu ngeusi flat asrama kudu nunda duit deposit > 500kroner pikeun jaminan kamer tetep bersih rapi engke ari > rek ditinggalkeun mulanh. (Asramana www.dfc.dk). > Basa rek mulang, parabot dapur di pantry (masing2 kamer aya > pantry, dapur leutik nu kompak, kompor listrik kulkas bak > cuci ngahiji) kudu bersih. Mun teu bersih duit deposit 500 > kroner moal dibalikeun. > > > Kungsi tengah peuting balik dugem di cafe copenhagen jeung > si rasmus jorgensen. Sanajan bari satengah teller ku > tequila, si rasmus teu wani meuntas jalan. Nunggu lampu > meuntas hejo. Padahal jalan sepi teu aya mobil lalar liwat. > Hayu nyebrang cekeng teh da euweuh mobil ieuh. Manehna > ngajawab itu lampu can hejo. Haha. > > > Sabulan cicing di kopenhagen karasa bosen. sagalana ngalir > lancar sabab tertib. Kacuali urusan pelajaran sakola, urusan > sejen mah teu matak stres. Boro boro urusan nagara nu badag, > da jadwal biskota nu liwat halte hareupeun asrama oge pas > jadwal. Isuk-isuk -jam 12an tiap 15menit. Beurang ka sore > tiap 20menit. > > > Sagalana geus digarap dipikiran tur dieksekusi kalayan > hade. Bakat ku tertibna nepi ka hal2 leutik, Aya babaturan > urang ponorogo gogodeg bari nyeletuk: edan! Haha. > > Da eta we di trotoar nu tina batu alam, aya batu di tengah > trotoar rada ngajendol. Nanya ka si jensen, oh eta teh > pikeun jalur nu lolong. Batu eta pikeun panduan iteuk nu > lolong! Jalur sepeda aya husus, aspal sameteran sisi katuhu > jalan mobil. Leuwih jangkung saeutik ti jalan mobil. > > > kusabab jarang kajadian peristiwa kriminal, dina ayana > kajadian sok jadi headline koran. Haha > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > >

