aya oge hal anu teu kinten pentingna,  nyaeta sistem hukum & aturan anu
nanjeur. rek sakumaha hadena oge eta aturan, ari henteu laksana mah
kateuteuari... kapan di urang mah aturan kari aturan, prakna mah sejen
deui... da ari sual kahayang mah, manusa di mana wae oge sarua, hayang
tingtrim hayang senang, teu aya hubunganana antara papaling jeung kaayaan
alam.

2009/9/29 mj

>  Ari sacara ideologi mah kedah kitu urang teh. Cobi we sila keadilan sosial
> bagi seluruh rakyat indonesia. Adil lain wungkul dina hukum, tapi kum sadaya
> masalah kamanusaan (sosial)_.
>
> Ngan abot praktekna mun distudi bandingkeun teh. Nilik legana
> nagara,populasi oge karakter warga, soal homogen-heterogen jsb, jauh tanah
> ka langit. Oge faktor geografis, maranehna mah deukeut ka kutub utara urang
> mah pas di garis katulistiwa. Loba saeutikna kondisi eta mangaruhan tabeat
> watak jst. Sigana rasa sanasib urang dinya leuwih kandel, jadi niat papaling
> milik umum minim. Alamna ge miskin, ngan boga minyak di laut utara kitu ge
> cenah dibagi ku norwegia.
>

Kirim email ke