>"mj" <ja...@...> wrote:
> Menyoal Hukum Rajam
> Hamid Awaludin
> Maka, sejak abad XVIII, hukuman penyiksaan fisik atas pelaku 
> kejahatan mulai dialihkan menjadi pidana kurungan badan. Ini karena > 
> filosofi hukuman pun
> mengalami pergeseran secara fundamental, dari konsep balas dendam 
> menjadi rehabilitasi.

Aya koreksi MJ, Hamid Awaludin mah urang Sulsel, duka urang Bugis, duka urang 
Makasar. Manehna Guru Besar Fakultas Hukum Unhas.

Lumayan eusi artikel Pak Hamid teh, paling henteu masihan bayangan kumaha 
sajarah perkembangan (atawa "evolusi") soal ngahukum pidana jelema. Tina asalna 
hukum badan robah kana hukum kurungan panjara.

Di etnik-etnik di Indonesia nu katinggaleun (di pedalaman jeung kaisolasi), 
urang sabenerna bisa keneh nyaksian "sesa" peradaban cara ngahukum jelema nu 
ngalanggar aturan. Nu kasaksian ku kuring di pedalaman Kalbar di taun 1980an, 
hukuman keur ngalanggar biasana DENDA atawa EXILE alias dibuang. Nu dibuang 
biasana nu nyieun pelanggaran beurat. Dibuang kaleuweung mangrupakeun hukuman 
nu beurat pisan, sabab dasarna manusa mah mahluk sosial nu teu bisa hirup 
sosorangan. Di suku-suku terasing ieu TEU WAWUHEUN jeung HUKUMAN KURUNGAN BADAN 
alias panjara.

Di urang Papua di pedalaman, saperti sering ditempokeun dina TV, sering 
kajadian bentrokan antar suku. Biasana bentrokan ieu bisa eureun lamun nu 
perlaya sarua jumlahna. Satutung acan sarua mah terus we "perang", pulisi ge 
sakapeung teu bisa nanaon. Kaciri pisan prinsip panon kudu dibayar ku panon, 
nyawa kudu dibayar ku nyawa deui teh. Prinsipna "balas dendam" ...

Ieu conto peradaban "purba" nu masih bisa ditempo keneh di nagara urang. Tapi 
saperti nu disebut ku Pa Hamid, peradaban "ngahukum" oge ngalaman evolusi 
saluyu jeung kamajuan peradaban manusa. Ayeuna nu ngalanggar hukum, DIANGGAP 
NGALAWAN NAGARA. Contona dina kasus pidana rajapati: Sanajan pihak korban 
rajapati mere ampun/ maap ka si pelaku rajapati atawa malah hayang balas 
dendam, dipaehan deui, tetep teu bisa nanaon, sabab ngan nagara nu boga hak 
ngahukum, oge ngan nagara nu boga hak mere ampun (grasi). 

Keur urang Papua di pedalaman, aturan-aturan ieu HESE KAHARTINA,  tong boro 
eta, sigana konsep nu disebut nagara oge acan pati kaharti. Nu kaharti ku 
maranehna mah ukur komunitas-komunitas suku-suku nu sakapeung saling mumusuhan.

Tah baheula belasan tepika puluhan abad katukang, tempat-tempat di Dunya teh 
lolobana kaaayaanana saperti di Papua di pedalaman!

Baktos,
WALUYA





  


Kirim email ke