Nuhun bah. Artikel edisi citak kompas aya dua nu jejerna soal eta. Ngan he love saha nu nulis
-----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Date: Tue, 29 Sep 2009 07:32:04 To: <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Hukuman Pati "Made in" Indonesia-->Fw: Perajam >"mj" <ja...@...> wrote: > Menyoal Hukum Rajam > Hamid Awaludin > Maka, sejak abad XVIII, hukuman penyiksaan fisik atas pelaku > kejahatan mulai dialihkan menjadi pidana kurungan badan. Ini karena > > filosofi hukuman pun > mengalami pergeseran secara fundamental, dari konsep balas dendam > menjadi rehabilitasi. Aya koreksi MJ, Hamid Awaludin mah urang Sulsel, duka urang Bugis, duka urang Makasar. Manehna Guru Besar Fakultas Hukum Unhas. Lumayan eusi artikel Pak Hamid teh, paling henteu masihan bayangan kumaha sajarah perkembangan (atawa "evolusi") soal ngahukum pidana jelema. Tina asalna hukum badan robah kana hukum kurungan panjara. Di etnik-etnik di Indonesia nu katinggaleun (di pedalaman jeung kaisolasi), urang sabenerna bisa keneh nyaksian "sesa" peradaban cara ngahukum jelema nu ngalanggar aturan. Nu kasaksian ku kuring di pedalaman Kalbar di taun 1980an, hukuman keur ngalanggar biasana DENDA atawa EXILE alias dibuang. Nu dibuang biasana nu nyieun pelanggaran beurat. Dibuang kaleuweung mangrupakeun hukuman nu beurat pisan, sabab dasarna manusa mah mahluk sosial nu teu bisa hirup sosorangan. Di suku-suku terasing ieu TEU WAWUHEUN jeung HUKUMAN KURUNGAN BADAN alias panjara. Di urang Papua di pedalaman, saperti sering ditempokeun dina TV, sering kajadian bentrokan antar suku. Biasana bentrokan ieu bisa eureun lamun nu perlaya sarua jumlahna. Satutung acan sarua mah terus we "perang", pulisi ge sakapeung teu bisa nanaon. Kaciri pisan prinsip panon kudu dibayar ku panon, nyawa kudu dibayar ku nyawa deui teh. Prinsipna "balas dendam" ... Ieu conto peradaban "purba" nu masih bisa ditempo keneh di nagara urang. Tapi saperti nu disebut ku Pa Hamid, peradaban "ngahukum" oge ngalaman evolusi saluyu jeung kamajuan peradaban manusa. Ayeuna nu ngalanggar hukum, DIANGGAP NGALAWAN NAGARA. Contona dina kasus pidana rajapati: Sanajan pihak korban rajapati mere ampun/ maap ka si pelaku rajapati atawa malah hayang balas dendam, dipaehan deui, tetep teu bisa nanaon, sabab ngan nagara nu boga hak ngahukum, oge ngan nagara nu boga hak mere ampun (grasi). Keur urang Papua di pedalaman, aturan-aturan ieu HESE KAHARTINA, tong boro eta, sigana konsep nu disebut nagara oge acan pati kaharti. Nu kaharti ku maranehna mah ukur komunitas-komunitas suku-suku nu sakapeung saling mumusuhan. Tah baheula belasan tepika puluhan abad katukang, tempat-tempat di Dunya teh lolobana kaaayaanana saperti di Papua di pedalaman! Baktos, WALUYA

