Jigana Maria Ozawa alias Miyabi, wanoja pang "riyana" sadunya.
Tapi baheula oge aya wanoja anu Riya (Koo Stark) geuning bisa jadi baturna
pangeran Inggris.
Anu nolak Miyabi ka Indonesia lolobana rumaja/maasiswa daerah. Anu ngadukung
aya oge ti golongan rumaja kota. Enya. urang daerah mah pasti kasirihan moal
bisa nempo "kariya"an neng Miyabi. Sabalikna urang kota "besar kemungkinannya"
bisa ningali Miyabi "bungkeuleukanana", maksud teh bisa ningali jalmana,
heunteu ngan sakadar nenjo tina televisi. (ieu mah pipikiran goreng sangka
kuring wae).
Mun Manohara ka nagri jiran, meunangkeun pangeran, saha nu nyaho, Miyabi ka
Indonesia oge (meureun) rek neangan "pangeran" urang Indonesia. Buktina manehna
cenah daekeun maen sinetron produksi Indonesia. Pan biasana para "pangeran"
Indonesia mah, neangan "karesepna" teh ningali tina media (majalah, koran,
televisi, sinetron, jrrd). Sabab cenah lalaki Indonesia mah ngahormatan ka
awewe, beda jeung lalaki Jepang.
Hanjakal oge, Menbudpar ngahulag Miyagi datang ka Indonesia. Padahal mah
kapaning bisa ngawanohkeun Indonesia di nagri jiran, Jiga pamilihan puteri
Indonesia 2009, pan eta teh sasaran utamana supaya Indonesia nanjeur di
mancanagara, sok sanajan bari jeung "ngagebruskeun" (ka naraka) hiji wanoja
Indonesia asup atawa ngiluan budaya Barat anu ngailaharkeun perkara nembongkeun
aurat di hareupeun balarea.Tapi budakna oge geuning daekeun, da geus menta idin
ka gupernur NAD sagala.(duka tah kumaha itung-itunganana para ulama jeung umaro
NAD, naha najeurkeun Indonesia di fora internasional, pahalana leuwih loba
atawa leuwih utama alahbatan nembongkeun aurat anu ngan sababaraha jam wae).
baktos,
mrachmatrawyani