Aya deui bedanya urang Jepang jeung Urang Indonesia. Lamun urang Jepang sok sanajan kakarek dituduh korupsi geus nyumput tina pasualan (maehan maneh tea). Tapi urang Indonesia mah lamun korupsi teh ngahaja pamer kakayaan banda pakaya (riya tea), lamun kanyahoan terus dihukum, tara maehan maneh, tapi hukuman dilakonan nepi ka anggeusna. Sabab dihukum teu pati lila, denda ka nagara teu loba, sesa korupsi masih loba, lebar lamun nepi ka maehan maneh. baktos, mrachmatrawyani
--- On Wed, 10/14/09, Waluya <[email protected]> wrote: From: Waluya <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Re: Nolak Miyabi...Riya, Indonesia teu nanjeur To: [email protected] Date: Wednesday, October 14, 2009, 12:00 PM > MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ ...> wrote: > Hanjakal oge, Menbudpar ngahulag Miyagi datang ka Indonesia. Padahal > mah > kapaning bisa ngawanohkeun Indonesia di nagri jiran, Jiga > pamilihan puteri Indonesia 2009, pan eta teh sasaran utamana supaya > > Indonesia nanjeur di mancanagara, sok sanajan bari > jeung "ngagebruskeun" (ka naraka) hiji wanoja Indonesia asup atawa > ngiluan budaya Barat anu ngailaharkeun perkara nembongkeun aurat di > > hareupeun balarea. Kuring oge satuju jeung Menbudpar nu alesanana tinimbang jadi kontroversi nu teu produktip. Tapi meureun lain hartina urang jepang kurang boga kaERA. Ngan ERA urang Jepang mah beda jeung ERA urang Indonesia. Lamun urang Indonesia mah ERA lamun katempo orat, tapi urang Jepang mah ERA lamun korupsi atawa hal sejen nu aya pakait kana kapentingan umum. Lamun pamimpin Jepang geus ERA, maranehna lain wae wani ngundurkeun diri, tapi tepika BUNUH DIRI, sanajan tuduhan eta teh sakapeung kakara tuduhan, acan dibuktikeun ku pangadilan. Ieu beda pisan jeung urang Indonesia nu dina akhlak mah aralus, tapi dina hal KAERA sejenna mah KURANG atawa EUWEUH pisan. Loba contona geus divonis panjara wae, urang Indonesia mah tetep we EUWEUH KAERA .... Paingan ceuk paribasa: Lain Lubuk, lain ikannya, Lain Ladang, lain belalangnya ...... Baktos, WALUYA

