Soal Bos beuki mabok & awewe mah, lain bae urang jepang, korea, atawa bulé. 
Dalah jelma bangsa urang ge kitu. Coba we ulin ka Diskotik, cafe
atawa tempat dugem. Lolobana mah jelma urang.
Lain bae Bos, dalah pira supir treuk ge loba nu karitu. Ngan tempat-na beda. 
Mun Bos mah diruangan remang2, mun kalangan bawah mah diwarung remang-remang. 
Ngararinum bari ngaragamang..

Ngan, nu kudu diconto ti urang Jepun, Korea atawa Bule teh nyaeta
soal etos gawe. Najan tos mabok, najan lieur, najan tunduh, tapi mun masih 
keneh hirup mah...angger asup gawe..


-jay- 

--- In [email protected], Nana Suwargana <nanaca...@...> wrote:
>
> ceuk cenah mah enya da urang jepun khususna lalaki kabeukinateh mabok jeung 
> awewe. anu dicaritakeun ku bos kuring, baheula keur mangsana parusahaan jaya 
> loba hubungan jeung pausahaan jepun. tah lamun aya kunjungan urang jepun ka 
> indonesia menu wajib nateh kudu nyadiakeun wanoja, malahan nepikeun ka kudu 
> dibokingkeun pulo di kepulauan sarebu jeung helikopter keur ngangkut 
> meranehna jeung awewe2na ka eta pulo.
> tapi henteu kabeh ketang. si kuring pernah boga bos urang jepun, manehnamah 
> bageur pisan, tara noel nu ngarana mabok dalahan ngarokoge henteu, cenahmah 
> manehna pernah kapok keur ngorana pernah kungsi geuring alatan kalobaan 
> nginum.
> jeung deui si bos etamah sieuneun ku pamajikana. manehna boga pamajikan urang 
> indonesia nepikeun ka boga budak.
> tah lamun arek ulin-ulinan sok kudu menta ijin heula lamun henteu pasti di 
> amuk ku pamajikana. sering lamun kira2 pamajikana moal ngidinan sok menta 
> tulung ka babaturan kuring supaya ngabohong ka pamajikana, nyieun sandiwara 
> ngarah teu kanyahoan.
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> Dari: Surtiwa <surt...@...>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Rab, 14 Oktober, 2009 13:12:09
> Judul: Re: [Urang Sunda] Nolak Miyabi...Riya, Indonesia teu nanjeur
> 
>   
> Kaniscayaan. .di urang oge Jakarta..cobi taroskeun ka Supirr anu didael jeung 
> Bos Jepang (umumna status bujangan..pamajikan di Jepun)."Kaluar ti cafe2 
> Jepang di Blok M...mabok beurat..digandong kana mobil ku supirna...bari 
> nyanyi 2. Tepi ka imah jam 3 an subuh.. Tapi anehna jam 06.30 nggeus aya di 
> Kantor deui..langsung nanya pagawean kamari...Kuat awak.....
> 
> 
> On 10/14/09, Waluya <waluy...@yahoo. com> wrote:
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >  >
> >> 
> >> Surtiwa <surtiwa@> wrote:
> >>> '"Sabab cenah lalaki Indonesia mah ngahormatan ka awewe, resep 
> >>> ngahargaan awewe, beda jeung lalaki Jepang....Naha kitu 
> >>> meureun..heureuy ah.
> >
> > >Enya cenah kitu bejana Bah. Aya rerencangan istri nu sarakola di Jepang. 
> > >Ari ditanya kunaon teu kawin wae jeung urang Jepang? Kalahka ngabirigid, 
> > >engke cenah unggal poe kudu ngalaan kaos kaki salaki nu balik peuting bari 
> > >satengah mabok ....
> >
> >>Cik baraya nu di Jepang leres henteu kitu eta teh?
> >
> >>Baktos,
> >>WALUYA
> >
> >
> 
>    
> 
> 
>       Nikmati chatting lebih sering di blog dan situs web. Gunakan Wizard 
> Pembuat Pingbox Online. http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/
>


Kirim email ke