> MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...> wrote:
> Hanjakal oge, Menbudpar ngahulag Miyagi datang ka Indonesia. Padahal > mah 
> kapaning bisa ngawanohkeun Indonesia di nagri jiran, Jiga 
> pamilihan puteri Indonesia 2009, pan eta teh sasaran utamana supaya > 
> Indonesia nanjeur di mancanagara, sok sanajan bari 
> jeung "ngagebruskeun" (ka naraka) hiji wanoja Indonesia asup atawa 
> ngiluan budaya Barat anu ngailaharkeun perkara nembongkeun aurat di > 
> hareupeun balarea.

Kuring oge satuju jeung Menbudpar nu alesanana tinimbang jadi kontroversi nu 
teu produktip. Tapi meureun lain hartina urang jepang kurang boga kaERA. Ngan 
ERA urang Jepang mah beda jeung ERA urang Indonesia. Lamun urang Indonesia mah 
ERA lamun katempo orat, tapi urang Jepang mah ERA lamun korupsi atawa hal sejen 
nu aya pakait kana kapentingan umum. Lamun pamimpin Jepang geus ERA, maranehna 
lain wae wani ngundurkeun diri, tapi tepika BUNUH DIRI, sanajan tuduhan eta teh 
sakapeung kakara tuduhan, acan dibuktikeun ku pangadilan.

Ieu beda pisan jeung urang Indonesia nu dina akhlak mah aralus, tapi dina hal 
KAERA sejenna mah KURANG atawa EUWEUH pisan. Loba contona geus divonis panjara 
wae, urang Indonesia mah tetep we EUWEUH KAERA ....

Paingan ceuk paribasa: 
Lain Lubuk, lain ikannya,
Lain Ladang, lain belalangnya ......


Baktos,
WALUYA
  


Kirim email ke