he..he..he..
ieuh ujang (teu) kasep, (teu) pinter.

pernah boga pangalaman anu matak pikabungaheun teu?
misalna, basa 'nembak' awewe di tarima, atawa naon ke anu matak pikabungaheun.

harita, urang putus asa teu ?
tangtu henteu, sabab reaksi tina anu pikabungaheun tangtu hal anu positif, boh seuri, atawa 'Yess !!' atawa hal sejena.


Ayeuna lamun urang ngalaman hal anu teu pikabungaheun, samodel anu kaalaman ku ujang ayeuna, naha ujang seuri atawa "Yess !!", tangtu henteu. reaksina pasti anu kurang hade. boh nguluwut, murukusunu, malah hayang paeh siga ayeuna.

Ieuh ujang,
dina hirup geus pasti urang ngalaman hal nu pikabungaheun jeung pikasediheun.
tah urang kudu bisa ngontrol reaksi urang kana hal-hal anu kajadian tea.

lamun urang ngalaman sedih, OK, sedih lah. tapi tetep ngontrol diri, ulah nepi ka sedihna ngaliwat batas, nepi ka rek maehan maneh.
sabab lamun kajadian, maehan maneh, saha nu rugi?

lain batur, ujang sorangan.

OK, jang.


Bagus Aditya wrote:
Sakunyung-kuyung leungit kabeh rasa percaya diri urang keur sagala hal.
NYadar pisan boh sim kuring teu boga nanaon di dunya iyeu.
Rupa teu Kasep, Harta Teu Boga, Otak ge teu pinter.
Ayeuna urang ngarasa bener2 putus asa jeung teu miboga deui sumanget keur hirup. Tulungaaaaaaaaaaaann Uing Barayaaaaaaaa.!!!!!!!!



Kirim email ke