Ari paeh samemehna maot (mautu qobla antal maut) mah sok aya nu ngalaman keur 
waktu hirup...dina jalanan tarekat...eta kitu nu dipimaksad ku kang Adit?

----- Original Message -----
From: Roro Rohmah <[email protected]>
Sent: Tuesday, November 10, 2009 3:27 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH

 
Wilujeng tepang Kang Adit…
Euleuh? Na… atuh mani luluasan bade maehan maneh?
Sakunyung-kunyung teh basa naon nya? aya ge kurunyung asa namah…
Atanapi tina sekonyong-konyong? heuheu… maksaw ih…
Kamari ningali dina tipi, Kapolri papayun-payun sareng anggota Dewan. 
Dimimitian ku Kapolri nganggo kecap “ujug-ujug” jiganamah langkung cop nganggo 
kecap eta. 
 
Jadi emut kajantenan minggu kamari aya nu bade maehan maneh naek ka tihang 
listrik sutet, patalimarga nuju dina kaayaan macet suracet da meujeuhna barudak 
arangkat sakola & padamel ngajugjug ka kantorna. Atuh puguh we jalmi teh 
ngalutruk…
“Cik nya, ari rek maehan maneh mah tong isuk-isuk atuh matak macet ka sarerea!” 
Jadi maehan maneh ge kedah ningali waktos. 

[The entire original message is not included]

Kirim email ke