Muhun aduh, sim kuring nghaturkeun nuhun pisan ka sadayana saparakanca.



________________________________
From: Muhammad Ali <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, November 9, 2009 5:39:08 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH

   
Kang Adit,
 
Saleresna mah sadaya na ge sami. Gaduh masalah
masing2. tapi aya nu nenjokeun aya nu henteu. Jalmi mah salih sangka. Nu miskin
nyangka yen anu beunghar teh hirupna marenah, seueur artos tiasa meser sagala
rupa. Tapi nu beunghar ge nyangka yen nu miskin the hirupna marenah, teu
mikiran nanaon, teu sieun di rampok, bebas kamana2. Nu pasti mah sadayan gaduh
masalah na masing2. Ngan hiji solusi na, emut ka Gusti Alloh, istighfar…. Sugan
isuk pageto teh aya jalan… tah kitu.
Punten kang Adit sanes kuring ngaguruan nya…
 
Baktos,
ALI
 
 
 

________________________________
 
From:urangsu...@yahoogro ups.com
[mailto:urangsunda@ yahoogroups. com] On Behalf
Of Dudi Herlianto
Sent: Monday, November 09, 2009
5:17 PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] PUTUS
ASA HAYANG PAEH
 
  
hayang kasep, hayang beunghar, jeung hayang pinter
cenah.. hihi (alah siah jadi betus tah seurina, hampura kang adit nu bagus nya)

kasep, beunghar, jeung pinter cek kuring lumpatna ukur ka babandingan. teu
kasep, teu beunghar, jeung teu pinter eta teh hasil ngukur ka nu lian, sabab
ningali nu sejen leuwih kasep, leuwih beunghar, jeung leuwih pinter.

sabalikna lamun urang bisa narimakeun kakasepan, kabeungharan jeung kapinteran
keur urang sorangan mah da kabeh ge bisa kasep, bisa beunghar, jeung bisa
pinter.

---
sssttt kang adit kuring boga tips, sabenerna mah mun hayang, utamana, kakasepan
urang jiga nu sejen jaman kiwari mah gampang pisan. misalkeun, lamun kang adit
hayang kasepna jiga kuring, hal ieu gampang kacida keur kalaksanakeun,
tempelkeun we gambar kuring di potopropil pesbukna kang adit, jadi tah kang
adit kasepna jiga kuring. keukeukeuk

beuki lieur-lieur tah...
2009/11/9 A Gunawan <rotan...@yahoo. com>
  
Ulah ah,,sasama Adit ulah maot atuh.. Pedah naon ieu teh? Meni palaur 
kieu..sagala pasualan pasti aya bongbolongan, tangtu aya jalan keur 
ngungkulanana. . Tarekahan bae kang,,

Baktos
AG

--- On Mon, 11/9/09, Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote:

From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Monday, November 9, 2009, 3:11 PM
  
lain kuring mah jadi hayang seuri kang euy, ngan sieun lamun dibetuskeun bisi 
enya serius ieu jejer imel teh. keh kuring ngilu kabuad kabaud mun pulisi 
manggih bugang akang geus ngajehjer, ngababatang butatayan.

ngingetan wungkul, di dunya sagala rupa lain milik urang sorangan. peunggas 
harepan, sumanget hirup urang nu geus teu kapiboga terus maehan sorangan bakal 
rambat kamale ka nu sejen. keun lah nu disanghareupan ku akang di alam kubur 
sanggeus akang maehan sorangan mah urusan akang rek disiksa atawa disenangkeun 
ukur akang nu ngarasakeun. ngan cek kuring, akang kudu inget nu aya di dunya, 
nu ku akang bakal ditingalkeun, kolot, adi/lanceuk, dulur, sobat, baraya, 
kumaha sarediheunana, kumaha eraeunana aranjeunna dittinggalkeun paeh ku kang 
adit...

heueuh da mun mikiran kaegoisan sorangan mah uing ge hayang nurutan kang adit, 
hayang ngilu boga kahayang paeh!!! jeung naon hirup ukur ngagugulung kabingung 
jeung kasusah lin? ngan lamun ras awak urang teh lain boga urang sorangan, aya 
boga kulawarga, boga sobat eta kahayang ku kuring disieuhkeun, asa kasadarkeun 
geuning kuring masih boga kulawarga, masih boga sobat! geuning kuring teh 
ngabohongan sorangan mun asa teu boga nanaon pisan mah....

lieur lieur tah...
2009/11/9 Bagus Aditya <aditya_luizer@ yahoo.com>
  
>Sakunyung-kuyung
>  leungit kabeh rasa percaya diri urang keur sagala hal.
>NYadar pisan boh sim
>  kuring teu boga nanaon di dunya iyeu.
>Rupa teu Kasep, Harta
>  Teu Boga, Otak ge teu pinter.
>Ayeuna urang ngarasa
>  bener2 putus asa jeung teu miboga deui sumanget keur hirup.
> 
>Tulungaaaaaaaaaaaan n
>  Uing Barayaaaaaaaa. !!!!!!!!
> 
>._,___



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk 
 



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
 


      

Kirim email ke