Nepangkeun sim kuring Imansaja. Aya tulisan sim kuring nu tos lami, awalna 
ngangge basa indonesian nembe bieu ku sim kuring diterjemahkeun ka basa sunda.


Kecap Anjing jeung Goblog.

Lamun aya nu nyarios yang ”Maneh jiga ucing” jigana moal ngambek  atawa 
kasinggung, tapi lamun aya nu nyarios ”Maneh jiga anjing” pasti urang-urang 
bakal ngamuk. Naha basa disebut ucing teu ngambek tapi basa disebut anjing 
ngarasa kasinggung? Salah naon si-ANJING tepi ngaran-na sering jadi hiji 
umpatan jang nyarekan atawa jeung ungkapan rasa ambek jelema. Naha pedah anjing 
dianggap mahluk nu najis. 

Lain didieu lain di kulon. Di negara dengen nu di kulon (Barat) atawa di negeri 
nu ngarasa kakulon-kulonan (kabarat-baratan) kecap Anjing sanes kecap nu dipake 
kanggo nyarekan. Dog (anjing) malah jadi ungkapan nu sering dipake kanggo 
ngamaknai nu positip. Misalna kecap "dog-fight" dipake jang istilah duel 
pasawat tempur, bahkan aya istilah nu paling terkenal nyaeta "dog-style" nu 
artina ngadamel orok. 

Balik ka topik nu awal. Tapi syukur, kecap ANJING akhirna ngalami parobahan 
makna khususna dikalangan barudak ngora, utamina di kota angeung sepertos 
dikalangan anak muda Kota Bandung. 

Jang anak muda Kota Bandung nu funky jeung gaul kecap ANJING jeung kecap GOBLOG 
ngan sakedar hiji tanda baca atawa panegas kalimat. Di ESD (Ejaaan Sunda yang 
belum Disempurnakan) kecap ANJING hanya berarti hiji tanda KOMA (pamisah 
kalimat), sedangkan kata GOBLOG hartina TITIK.  (Nutup hiji kalimat). Jadi ulah 
ngambek atawa ngarasa kasinggung lamun keur jalan-jalan di KOTA BANDUNG bakal 
sering ngadangu kata ANJING jeung GOBLOG dina obrolan barudak ngora. 

Ameh jelas urang tingali hiji contoh  dihandap ieu: "Tadi urang dahar ANJING 
ayeuna rek ngaroko heula GOBLOG". Tah kalimat eta lamun ditarjamahkeun ka 
bahasa indonesia nu alus jeung hade hartina jadi: "Tadi saya makan, sekarang 
mau merokok dulu."

Tapi jang jalmi nu tingkat TOEFL ESD masih rendah pasti bakal kasulitan jang 
ngartikeun kalimat jiga kieu:  ”ANJING AING DIGEGEL ANJING GOBLOG”. Jigana 
kedah naroskeun ka Kang Ibing ameh tiasa ngajelaskeun arti kalimat eta.

Sajalan jeung kamajuan basa sunda jadi bahasa internasional kecap ANJING mimiti 
 ngalami peluluhan atawa panghalusan, kecap ANJING diubah jadi leuwih sopan 
jadi kecap anjrit, anjis atau anjroy. Malah di daerah Bronk jiga di Water Rock 
(Cicadas) ngalemeskeun kecap ANJING cukup ditambahkeun kecap PUNTEN. Jadi tong 
heran lamun aya jalma  nu liwat ngomong  permisina make kata nu lemes nyaeta: 
”PUNTEN ANJING”. Cukup dijawab make tutur kata nu teu eleh lemesna oge ”MANGGA 
GOBLOG”.

Di tahun 1994 sayah pernah ngalakukan hiji panalitian leuleutikan (hanya 
ngitung wungkul) di babaturan SMA sayah di Bandung. Dina obrolan sakitar 15 
menit, rata-rata kecap ANJING jeung GOBLOG kaluar leuwih ti 10 kali.  Malah 
sayah sempet ngalakukan hiji tantangan ka babaturan lamun manehna sanggup tahan 
teun ngomong kecap ANJING anjing GOBLOG salama 1 jam, sayah rek mere duit  20 
rebu. Babaturan sayah eta nga mampu tahan sakitar 30 menit, saeunggeus eta 
manehna ngobrol kaluar kecap ANJING jeung GOBLOG tanpa disadari ku manehna.

Tah sakitu heula ANJING engke lamun aya waktu dilanjutkeun GOBLOG
(Artinya : Nih segitu dulu, nanti kalo ada waktu dilanjutkan. )

Hehehehehe.. ... padahal mah sayah hoyong nyarekan nu.

Wass, Iman Sajah
Orang sunda nu keur ngumbara di Jakarta.



Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>
Date: Fri, 20 Nov 2009 13:31:05 
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] indung ...

no 3 teu aya kanyataana kang? xixixi

2009/11/20 opiq <o...@lge.com>

>
>
>  *Punten teu di sundaken...*
>
> Banyak wanita yang bilang bahwa susah menjadi wanita, lihat saja
> aturan-aturan dibawah ini :
>
> 1.      Wanita auratnya lebih susah dijaga dibanding lelaki.
> 2.      Wanita perlu minta ijin dari suami apabila mau keluar rumah tetapi
> tidak sebaliknya.
> 3.      Wanita saksinya (apabila menjadi saksi) kurang berbanding lelaki.
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke