> "Faisal " <dokterfais...@...> wrote:
> Ckckck...geuning numutkeun aturan manusa mah robah2...ari aturan 
> pangeran mah angger jejeg ti bareto dugi ayeuna..
> Sakali deui kaagungan pangeran kabuktian ku urang.

Ih jadi inget kajadian sawartara waktu katukang. Harita teh kuring diajak ku 
babaturan nempoan lahan di Bandung kaler nu ditawarkeun dibeuli ku manehna. Nya 
nepungan nu nawarkeunana, nu sigana mah pagawe kalurahan ngarangkep calo lahan. 
Sanggeus ngobrol perkara harga jeung sagala rupa, pangangguran kuring teh nanya:

"Sanes, Pa, pan di Bandung kaler mah teu kenging diwangun gede-gedean, aya 
aturanana ti Provinsi?"

Na ari pok teh ngajawab kieu: "Ah si Bapa mah, gampil perkara eta mah, da ukur 
ATURAN JELEMA, sanes ceuk QUR'AN jeung HADIST!"

Kuring ukur bati colohok .....

Baktos,
WALUYA  

Kirim email ke