Ari ceuk simkuringmah, mun nebak arah kang Sholeh, nya kadinya heuheuheu....
Maksad dinamika sosial eta dihartikeun umum weh panginten, nya tanwande merkarakeun adan make sepeker oge jadi bagean tina salah sarebu dinamika sosial, teu pati jentre nu kasebut adan make sepeker dijaman munggaran turunna parentah eta adan, ngan ceuk sakaolmah apan Bilal bin Rabah nu remen adan di jaman harita, boga kaajaiban sorangan nyaeta sorana bisa ngajomantara jauhna sakian sakian sakian, mereun ceuk ijiran ayeunamah siga urang adan make speker we kitu? Tanwande dina dipangihanana tehnologi amplifier, nya dimanfaatkeun we hususna keur "kamaslahatan" nyaeta keur ngagero ummat sangkan nyaho teu kuhanteuna. Conto lain, nya kitu deui baheula boga istilah tutumpakan, berkendara, mun lunta kamana bae, harita ngagunakeun hewan kayaning kuda, onta, kelede jrrd, jaman ayeuna apan tos ganti ku mobil sanajan merekna lolobana nyutat tina ngaran sato, kijang, kuda, jaguar jrrd, palebah dieu teu aya dalil naqli ngeunaan mobil pan, jadi weh nu kararitumah kaasupna dinamika sosial, boa teuing kahareupna mah mun indit ka masjid teh bisa bari ngapung, pan teu aya nu nyaram salama masih keneh katingali maslahatmah, dina prakna mun loba kajadian nyilakakeun, keun sina MUI ngawagel deui. Da ieumah dinamika sosial tea heuheu.... AlQur'an sareng Hadits, enya mung hiji, ke dina hadits dijentrekeun ayat2 Qur'an nu teu pati jelas, oge ditafsir sanajan loba bentuk penafsiranana, palebah dieu sanajan asa pabaliut, tapi tetep lain hartina urang kudu ingkar dina merkarakeun anu teu sapagodos, pan tos jelas disebutna khilafiyyah tea, hasil tina ijtihad moal nepika ngarumpak jeung sasar, nu puguhmah dina benerna meunang babandingan pahala loba, dina salahna masih meunang pahala keneh sanajan ngan ukur hiji (ieumah itungan takaranana) ceuk dalil, dina pabaliutna khilaf nu ieu ngan ukur keur ngahaminan anu make AlQur'an jeung Hadits nu hiji tea, mun teamah aya nu ngaributkeun hadits palsu etamah siga urang keur marebutkeun paisan kosong, dibolekerkeun oge cumah da eweuh batian... Punten ah, Baktos From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Surtiwa Sent: 25 Nopember 2009 11:42 To: [email protected] Subject: Re: Bls: Bls: [Urang Sunda] Re: Fatwa MUI, hade? ????? Tawakup teu tiasa nebak kamana arahna......Pan tibareto Quran ngan hiji..hadist oge anu asli ngan hij2i anu palsu seueur)..tapi kunaonnya pahaman jelema kana AQ sareng a AH teh mani seueur pisan ..pabaliut .... On 11/25/09, Faisal <[email protected]> wrote: Oohh kitu nya?? Dinamika sosial.. Pami kitu mah leres pisan atuh nya, nu tias janten cecepengan urang mah mung Quran sareng hadits anu moal aya dinamika2an...anu tos tetep ti pangeranna. Ckckck...geuning numutkeun aturan manusa mah robah2...ari aturan pangeran mah angger jejeg ti bareto dugi ayeuna.. Sakali deui kaagungan pangeran kabuktian ku urang. {Panggil aku mang sholeh}

