Pokona mah Ua diantos seratan ngeunaan pajegna.

Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "MSasmita" <[email protected]>
Date: Mon, 28 Dec 2009 09:33:33 
To: <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Pajeg

Kang Tirta (JP) rada sesah yeuh milarian soal pajeg teh.

1). Nu kapendak dina Bujangga Manik disabit hal pabean (dina baris 125) aya 
penjelasanana ti Noorduyn sakedik. 

2). Teras dina Fragmen Carita Parahyangan, ngan disebuatna PAMUAT, naha pamuat 
teh sami sareng seba, bukti bakti ka raja.
Siga kieu unina (dicutat sagemblengna) ;
Ti Galunggung ma pamwat siya ka Pakwan, pindo salawe, minyak haneut sagobong, 
cisanti pisajieun deung boeh putih sakayu, hayan sakuren.
Ti Denuh pamuat siya ka Pakwan pindo salawe, tipulung salawe, cisanti pisajieun.
Ti Sanghyang Talaga Warna (pamuat siya ka Pakwan) minyak haneut sagobong, uyah 
salawe kelek, lilitan salawe teukteuk, boeh putih sakayu, hayam sakuren.
Ti Mandala Utama Jangkar pamuat siya ka Pakwan, boeh salawe, lilitan salawe 
teukteuk, uyah salawe kelek, anjing pangerek sakuren, boeh jatikembang sakayuh.
Jste.
Hanjakalna tina ieu naskah teu acan aya nu narjamahkeun kana basa Sunda kiwari, 
naon nu disebat cisanti teh naha cai beunang ngala (nyiuk) ti Cisamti hulu 
Citarum di Gunung Wayang atawa naon. Teras nu kumaha/sakumaha nu disebat 
sakelek, sagobong, sakayu teh. 
(Tiasa diaos dina buku Seri Sundalana 1 Tulak Bala kaca 187-188, naskah Fragmen 
Carita Parahyangan meh sajaman sareng Sanghyang Siksakandang Karesian awal abad 
ka 16).

3). Naros ka sababaraha tatangga nu sok aya hubunganana sareng kantor pajeg, 
cenah mah urusanana gampil, teu hese asal datana bener tur lengkep.(Wilujeng ka 
Kang Tirta/ nu ngurus pajeg kenging pujian ti tatangga sim kuring).

4) Riwayat pajeg komo ti ngawitan Priangerstelsel seueur nu curang ti para 
bopati harita (dina buku Sejarah Tatar Sunda sareng maca saliwatan tina buku 
The Thugs, the Curtain Thief and the Sugar Lord).

MSas

Kirim email ke