MILANGKALA

Peuting tadi, kuring gumbira pisan, sabab poe ieu kuring milangkala, nincak 
umur 35 taun. Kahirupan kuring geus weweg, pamajikan boga, budak aya duana, 
imah boga, mobil boga, di pagawean oge kuring boga posisi nu luhur. Isuk-isuk, 
bari mandi kuring hararang-hariring, terus dandan arek ngantor. Tapi waktu 
sarapan, kacida hanjeluna, pamajikan nyadiakeun sarapan bari bangkenu, teu 
kaluar ucapan "wilujeng ulang taun Sayang ....", komo bari ngesun mah. Kitu 
deui budak anu dua, araracuh wae, pakepuk ku urusan maranehna, nu rek indit 
sarakola.

Waktu indit ka kantor kuring ngarasa hanjelu jeung sedih. Pas tepi ka kantor, 
sekretaris kuring, si Euis, langsung nyambut bari beungeutna marahmay: 
"Wilujeng ulang taun Boss!". Plong eta mah hate, asa rada kaubaran, geuning aya 
keneh nu inget kana poe ulang taun kuring. Di kantor kuring digawe tepi ka 
tengah poe, waktu Si Euis ngetok panto rohangan, ngelol bari ngomong manis 
pisan: " Boss, diluar cuaca mani cerah pisan, dinten anu endah, sareng dinten 
ieu dinten ulang taun Boss. Hayu urang makan siang, khusus ukur urang duaan!"

"Aduh eta ucapan anu luar biasa nu kareungeu ku sayah poe ieu. Enya, hayu urang 
indit", tembal kuring mani haripeupeut.

Kuring jeung Si Euis teu dahar beurang di tempat nu biasa, tapi neangan 
restoran anu hade jeung nu rada nyingkur. Di restoran kuring duaan dahar 
balakecrakan. Waktu dina perjalanan balik ka kantor, si Euis malah nyarita: :" 
Boss, ayeuna dinten anu endah, teu kedah ka kantor deui nya?"

"Ah enya,  dipikir-pikir mah teu perlu ka kantor deui", ceuk kuring teh. 

Manehna ngajak mampir ka tempat kostna. Di tempat kostna, manehna ngomong: 
"Boss, upami teu kaabotan, abdi bade ka kamar tidur heula, bade UCUL UCUL, 
supados rada raoseun"

"Ih henteu, sok wae", kuring ngajawab rada tarik, bakating ku atoh, da eta nu 
diarep-arep. Manehna ngaleos ka kamar tidur. Kira-kira genep menit manehna 
kaluar deui bari mawa kueh ulang taun anu gede ..... dituturkeun ku pamajikan, 
barudak jeung babaturan sakantor bari babarengan nyanyi "selamat ulang taun 
kuucapkan ..."

Kuring ngan bati kasima, diuk dina sofa panjang bari teu make baju 
salambar-lambar acan .....

[Meunang nyundakeun tina humor.com]
WALUYA

Kirim email ke