Lah asa kaingetan pan uing ge ulang taun poe ieu, teuing nu kasabaraha, buru 
buru we nyidikeun bulu tuur, ah ngora keneh geuning, da bulu tuur ge can 
huisan. Terus ngaluarkeun dompet lain nek neang eusina da puguh eusina mah keur 
tanggung bulan, neang ktp jeung sim da biasana beakna sok marengan poean ulang 
taun, rada ngemplong da beakna jarauh keneh.

Ceuk batur angka 13 teh angka sial, padahal tanggal eta pisan uing gubrag 
kaalam dunya, mun apal tijero beuteung keneh meureun nek noel kaema ulah 
ngaheujeun poe harita, mun bisa mundur atawa dimajukeun. Sakapeung sok nyeri 
hate ka angka 13 teh kawas nu anti pisan, contona lamun naek lift angka 
tiluwelasna sok diganti ku 12A atawa luncat ka opatwelas, padahal ari babasan 
mah euweuh istilah cilaka tilubelas tapi cilaka duabelas.

Najan sok aya nu nganggap goreng ka angka 13, anggap we ah tahayul, wajar ari 
suul sial sautak saeutik mah kawas nu kaalaman baheula basa keur mangsa apel, 
keur jongjon ngobrol jeung simanehna bapana hayoh ngagogogan eh  dedehem  ketah 
kawantu bates apel geus oper teuing, najan can beubeunangan kapaksa balik, eh 
pas dipakarangan anjing nu boga imah nyuruntul tipipir bari ngagogog, becir we 
lumpat, sendal tinggaleun. Isukna datang deui pura2 nyusul sendal, padahal mah 
hayang panggih deui jeung simanehna.

Nu marengan ulang taun poe ieu cenah guruh soekarnoputra, tah geuning aya batur 
yeuh!
  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, January 13, 2010 10:49 AM
  Subject: [Urang Sunda] Milangkala ...


    
  MILANGKALA

  Peuting tadi, kuring gumbira pisan, sabab poe ieu kuring milangkala, nincak 
umur 35 taun. Kahirupan kuring geus weweg, pamajikan boga, budak aya duana, 
imah boga, mobil boga, di pagawean oge kuring boga posisi nu luhur. Isuk-isuk, 
bari mandi kuring hararang-hariring, terus dandan arek ngantor. Tapi waktu 
sarapan, kacida hanjeluna, pamajikan nyadiakeun sarapan bari bangkenu, teu 
kaluar ucapan "wilujeng ulang taun Sayang .....", komo bari ngesun mah. Kitu 
deui budak anu dua, araracuh wae, pakepuk ku urusan maranehna, nu rek indit 
sarakola.

  Waktu indit ka kantor kuring ngarasa hanjelu jeung sedih. Pas tepi ka kantor, 
sekretaris kuring, si Euis, langsung nyambut bari beungeutna marahmay: 
"Wilujeng ulang taun Boss!". Plong eta mah hate, asa rada kaubaran, geuning aya 
keneh nu inget kana poe ulang taun kuring. Di kantor kuring digawe tepi ka 
tengah poe, waktu Si Euis ngetok panto rohangan, ngelol bari ngomong manis 
pisan: " Boss, diluar cuaca mani cerah pisan, dinten anu endah, sareng dinten 
ieu dinten ulang taun Boss. Hayu urang makan siang, khusus ukur urang duaan!"

  "Aduh eta ucapan anu luar biasa nu kareungeu ku sayah poe ieu. Enya, hayu 
urang indit", tembal kuring mani haripeupeut.


  "Ah enya, dipikir-pikir mah teu perlu ka kantor deui", ceuk kuring teh. 

  Manehna ngajak mampir ka tempat kostna. Di tempat kostna, manehna ngomong: 
"Boss, upami teu kaabotan, abdi bade ka kamar tidur heula, bade UCUL UCUL, 
supados rada raoseun"

  "Ih henteu, sok wae", kuring ngajawab rada tarik, bakating ku atoh, da eta nu 
diarep-arep. Manehna ngaleos ka kamar tidur. Kira-kira genep menit manehna 
kaluar deui bari mawa kueh ulang taun anu gede ..... dituturkeun ku pamajikan, 
barudak jeung babaturan sakantor bari babarengan nyanyi "selamat ulang taun 
kuucapkan ..."

  Kuring ngan bati kasima, diuk dina sofa panjang bari teu make baju 
salambar-lambar acan .....

  [Meunang nyundakeun tina humor.com]
  WALUYA



Kirim email ke