________________________________
hehehehe.... sugan teh.... kang waluya, matak ge mun maca kudu cacap.... ngarah
jelas.... hehehehe
wass,
abah to2
----- Original Message -----
>From: Waluya
>To: urangsu...@yahoogro ups.com
>Sent: Wednesday, January 13, 2010 10:49
> AM
>Subject: [Urang Sunda] Milangkala
> ...
>
>
>MILANGKALA
>
>Peuting tadi, kuring gumbira pisan, sabab poe ieu kuring
> milangkala, nincak umur 35 taun. Kahirupan kuring geus weweg, pamajikan
> boga,
> budak aya duana, imah boga, mobil boga, di pagawean oge kuring boga posisi
> nu
> luhur. Isuk-isuk, bari mandi kuring hararang-hariring, terus dandan arek
> ngantor. Tapi waktu sarapan, kacida hanjeluna, pamajikan nyadiakeun sarapan
> bari bangkenu, teu kaluar ucapan "wilujeng ulang taun Sayang ....", komo
> bari
> ngesun mah. Kitu deui budak anu dua, araracuh wae, pakepuk ku urusan
> maranehna, nu rek indit sarakola.
>
>Waktu indit ka kantor kuring ngarasa
> hanjelu jeung sedih. Pas tepi ka kantor, sekretaris kuring, si Euis,
> langsung
> nyambut bari beungeutna marahmay: "Wilujeng ulang taun Boss!". Plong eta mah
> hate, asa rada kaubaran, geuning aya keneh nu inget kana poe ulang taun
> kuring. Di kantor kuring digawe tepi ka tengah poe, waktu Si Euis ngetok
> panto
> rohangan, ngelol bari ngomong manis pisan: " Boss, diluar cuaca mani cerah
> pisan, dinten anu endah, sareng dinten ieu dinten ulang taun Boss. Hayu
> urang
> makan siang, khusus ukur urang duaan!"
>
>"Aduh eta ucapan anu luar biasa
> nu kareungeu ku sayah poe ieu. Enya, hayu urang indit", tembal kuring mani
> haripeupeut.
>
>
>"Ah enya, dipikir-pikir mah teu perlu ka kantor deui",
> ceuk kuring teh.
>
>Manehna ngajak mampir ka tempat kostna. Di tempat
> kostna, manehna ngomong: "Boss, upami teu kaabotan, abdi bade ka kamar tidur
> heula, bade UCUL UCUL, supados rada raoseun"
>
>"Ih henteu, sok wae",
> kuring ngajawab rada tarik, bakating ku atoh, da eta nu diarep-arep. Manehna
> ngaleos ka kamar tidur. Kira-kira genep menit manehna kaluar deui bari mawa
> kueh ulang taun anu gede ..... dituturkeun ku pamajikan, barudak jeung
> babaturan sakantor bari babarengan nyanyi "selamat ulang taun kuucapkan
> ..."
>
>Kuring ngan bati kasima, diuk dina sofa panjang bari teu make baju
> salambar-lambar acan .....
>
>[Meunang nyundakeun tina
> humor.com]
>WALUYA
>
>
>