gede harepan kana taeun sih, jadi waeh meunang hukuman kitu tah, keur anu sok GR tah !
On 1/13/10, Waluya <[email protected]> wrote: > MILANGKALA > > Peuting tadi, kuring gumbira pisan, sabab poe ieu kuring milangkala, nincak > umur 35 taun. Kahirupan kuring geus weweg, pamajikan boga, budak aya duana, > imah boga, mobil boga, di pagawean oge kuring boga posisi nu luhur. > Isuk-isuk, bari mandi kuring hararang-hariring, terus dandan arek ngantor. > Tapi waktu sarapan, kacida hanjeluna, pamajikan nyadiakeun sarapan bari > bangkenu, teu kaluar ucapan "wilujeng ulang taun Sayang ....", komo bari > ngesun mah. Kitu deui budak anu dua, araracuh wae, pakepuk ku urusan > maranehna, nu rek indit sarakola. > > Waktu indit ka kantor kuring ngarasa hanjelu jeung sedih. Pas tepi ka > kantor, sekretaris kuring, si Euis, langsung nyambut bari beungeutna > marahmay: "Wilujeng ulang taun Boss!". Plong eta mah hate, asa rada > kaubaran, geuning aya keneh nu inget kana poe ulang taun kuring. Di kantor > kuring digawe tepi ka tengah poe, waktu Si Euis ngetok panto rohangan, > ngelol bari ngomong manis pisan: " Boss, diluar cuaca mani cerah pisan, > dinten anu endah, sareng dinten ieu dinten ulang taun Boss. Hayu urang makan > siang, khusus ukur urang duaan!" > > "Aduh eta ucapan anu luar biasa nu kareungeu ku sayah poe ieu. Enya, hayu > urang indit", tembal kuring mani haripeupeut. > > Kuring jeung Si Euis teu dahar beurang di tempat nu biasa, tapi neangan > restoran anu hade jeung nu rada nyingkur. Di restoran kuring duaan dahar > balakecrakan. Waktu dina perjalanan balik ka kantor, si Euis malah nyarita: > :" Boss, ayeuna dinten anu endah, teu kedah ka kantor deui nya?" > > "Ah enya, dipikir-pikir mah teu perlu ka kantor deui", ceuk kuring teh. > > Manehna ngajak mampir ka tempat kostna. Di tempat kostna, manehna ngomong: > "Boss, upami teu kaabotan, abdi bade ka kamar tidur heula, bade UCUL UCUL, > supados rada raoseun" > > "Ih henteu, sok wae", kuring ngajawab rada tarik, bakating ku atoh, da eta > nu diarep-arep. Manehna ngaleos ka kamar tidur. Kira-kira genep menit > manehna kaluar deui bari mawa kueh ulang taun anu gede ..... dituturkeun ku > pamajikan, barudak jeung babaturan sakantor bari babarengan nyanyi "selamat > ulang taun kuucapkan ..." > > Kuring ngan bati kasima, diuk dina sofa panjang bari teu make baju > salambar-lambar acan ..... > > [Meunang nyundakeun tina humor.com] > WALUYA > >

