Nya "cai" dina Basa Sunda pan "tsai" dina Basa Iran...deukeutlah..

On 1/13/10, Roro Rohmah <[email protected]> wrote:
> Afghan
>
> Kuring resep ka hiji biduan jang Afghan. Keur mah kasep budak teh* ni lucu,
> irung bangir, pipi kempot, dikaca panon *.  Sorana nu halimpu matak
> dedengeeun, komo mun dina bulan puasa sok ngahaleuangkeun niat puasa di
> wewengkon Kampung Daun, matak nyerep kana hate. Tapi, kuring mah lain rek
> ngomongkeun eta budak ngora, bae sina ngahaleuang*
>
> Karek beres maca buku "The Kite Runner" ditulis ku Khaled Hosseini, urang
> Afghanistan nu pacabakanana jadi dokter, dumuk di San Jose Amerika. Ieu buku
> ngagambarkeun dongeng  hiji kakuatan tina sosobatan, duduluran, silih asah,
> silih asih, silih asuh, silih pikanyaah, khianat plus kasangsaraan dua budak
> leutik Amir & Hasan. Nyokot setting di wewengkon Afghanistan & Amerika,
> digambarkeun ku Khaled kacida pisan alusna. Maca bari galo rarasaan teh,
> malah mah bari ngingsreuk ceurik sagala, miliuan sedih. Moal didongengkeun
> ah* sing teu rame*heheh. Pantes ieu novel jadi bestseller & meunang pangajen
> ti UNHCR.
>
> Dina buku eta aya lakon antagonis nu ngarana "Assef". Jadi inget ka bangsa
> urang, enya urang Sunda tea* rea pisan ngaran Assef = Asep. Kungsi
> ngadongeng hiji babaturan kuring, hiji poe manehna indit ka bank rek
> neundeun duit. Salila manehna nungguan nomerna dicalukan, manehna nitenan*
> "Bapak Asep!..." ceuk teller. Beres ti dinya* manggil deui jelema.
> "Bapak Asep!..." tellerna biasa keneh.. lila-lila*
> "Bapak Asep!..." tellerna gogodeg, harita nu setor nepi ka lima kali, beda
> jelema ngarana Asep* heheh.
>
> Salian eta manggih kecap Khosteep hartina tampan, tuh pan sarua pisan jeung
> basa Sunda? kasep = tampan.
> Jadi rada kerung, boa-boa Sunda jeung Afghanistan aya hubunganana? atawa
> ngan saukur kabeneran.
>
> Cik baraya, manawi aya nu terang...
> diantos pedaranana,
> ro2
>

Kirim email ke