Dina carita Mahabarata, Pandudewanata mawa putri ti Karajaan Ghandara, nu 
aranna Dewi Gendari. Dewi Gendari akhirna dikawin ku lanceukna Pandu, Destarata 
anu lolong. Nasib, da sabenerna mah Dewi Gendari hayang dikawin ku Pandu. 
Nagara Ghandara dina Mahabarata teh ayeuna mah AFGHANISTAN (tepatna Kandahar). 
Adi Dewi Ghandari, SANGKUNI, boga peran gede dina ngegedekeun "seuneu" 
mumusuhan antara dua dulur misan Kurawa jeung Pandawa tepi ka ngabeledug perang 
gede BAHARATAYUDHA ....

Mudah-mudahan we ayeuna mah Afghanistan ulah boga peran siga Sangkuni baheula, 
tepi ka nyababkeun perang gede ....

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], Mohammad zen <zenhus...@...> wrote:
>
> Salam, ngiringan diskusi
> 
> Ari asa afgan teh bahasa persia oge... ngan ari afgan mah basa persia heubeul 
> anu sok dianggo ku penyair saperti maulana rumi, tah ari bahasa persia anyar 
> namina persia dari anu sok dianggo ku urang iran... tah ayeuna nagara anu 
> nganggo persia teh nagara iran, tajikistan, uzbekistan, afganistan, jeung anu 
> sakitarna... bedana tina lahjah wungkul.
> 


Kirim email ke