Afghan

Kuring resep ka hiji biduan jang Afghan. Keur mah kasep budak teh* ni lucu, 
irung bangir, pipi kempot, dikaca panon *.  Sorana nu halimpu matak  
dedengeeun, komo mun dina bulan puasa sok ngahaleuangkeun niat puasa di 
wewengkon Kampung Daun, matak nyerep kana hate. Tapi, kuring mah lain rek 
ngomongkeun eta budak ngora, bae sina ngahaleuang* 

Karek beres maca buku "The Kite Runner" ditulis ku Khaled Hosseini, urang 
Afghanistan nu pacabakanana jadi dokter, dumuk di San Jose Amerika. Ieu buku 
ngagambarkeun dongeng  hiji kakuatan tina sosobatan, duduluran, silih asah, 
silih asih, silih asuh, silih pikanyaah, khianat plus kasangsaraan dua budak 
leutik Amir & Hasan. Nyokot setting di wewengkon Afghanistan & Amerika, 
digambarkeun ku Khaled kacida pisan alusna. Maca bari galo rarasaan teh, malah 
mah bari ngingsreuk ceurik sagala, miliuan sedih. Moal didongengkeun ah* sing 
teu rame*heheh. Pantes ieu novel jadi bestseller & meunang pangajen ti UNHCR.

Dina buku eta aya lakon antagonis nu ngarana "Assef". Jadi inget ka bangsa 
urang, enya urang Sunda tea* rea pisan ngaran Assef = Asep. Kungsi ngadongeng 
hiji babaturan kuring, hiji poe manehna indit ka bank rek neundeun duit. Salila 
manehna nungguan nomerna dicalukan, manehna nitenan*
"Bapak Asep!..." ceuk teller. Beres ti dinya* manggil deui jelema.
"Bapak Asep!..." tellerna biasa keneh.. lila-lila*
"Bapak Asep!..." tellerna gogodeg, harita nu setor nepi ka lima kali, beda 
jelema ngarana Asep* heheh.

Salian eta manggih kecap Khosteep hartina tampan, tuh pan sarua pisan jeung 
basa Sunda? kasep = tampan. 
Jadi rada kerung, boa-boa Sunda jeung Afghanistan aya hubunganana? atawa ngan 
saukur kabeneran.

Cik baraya, manawi aya nu terang...
diantos pedaranana,
ro2

Kirim email ke