Item2 barang tertentu tacan lebet panginten. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Date: Fri, 5 Feb 2010 16:55:15 To: <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Teu aya Standarisaisi... Tatanen - Binih Pare Ge Impor Geuning? Naha, kapan aya SNI? 2010/2/5 MRachmat Rawyani > > Kamari tanggal 3 Februari UI jeung Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO) > ngiketkeun gawebareng dina perkara atikan, panalungtikan jeung pengabdian > pada masyarakat. Tah, dina pidatona teh Sofyan Wanandi (gegedug APINDO) > netelakeun, yen Indonesia sataun kahareup geus kudu boga standarisasi dina > perkara ngasupkeun barang jeung produk ti luar, utamana mah ti China. > Sahingga barang-barang anu kualitasna goreng patut heunteu bisa asup ka > Indonesia. Sabab barang-barang ti China asup ka Indonesia ampir teu aya > hahalangna, barang-barang anu kualitasna amburadul oge mahabu minuhan pasar > di Indonesia. Sofyan Wanandi mere conto, hp black berry (bb) anu asli > hargana 4-5 jutaan. Tapi china bisa nyieun hp bb anu hargana 450 rebu. Ari > konsumen mah pan teu nyaho nanaon, nu penting mah boga hp anu fasilitasna > siga bb. Perkara 3 bulan terus rusak mah, teu jadi pipikiran pangusaha > china. Tah ku ayana kitu, penting pisan upama paguron luhur ngabantuan > APINDO nyieun standarisasi pikeun nyaliksik barang-barang anu asup ka > Indonesia. Salian ti ngajaga mutu, oge supaya produk lokal heunteu kagiles > ku barang-barang china. Ngan sataun wates pikeun nyieun standarisasi. Liwat > ti waktu eta, nya urang kudu siap-siap narima barang "kacangan" ti luar. >

