Tah eta anu teu pati kahartos. Ceuk juragan Sofyan Wanandi teh, APINDO teh aya 
parentah langsung (tos berkoordinasi jeung Menko Perekonomian) supaya gancang 
nyieun standarisasi kalayan menta bantuan ka instansi/institusi paguron luhur 
anu aya kamampuan dina widangna masing-masing. Harita teh teu nyabit-nyabit aya 
lembaga SNI. Lamun enya memang SNI boga aturan standarisasi pikeun nyaliksik 
barang/produk ti China, atuh APINDO oge moal sagawyah menta bantuan ka paguron 
luhur sagala. Dina perkara tekstil, cenah mah rek menta bantuan ka akademi 
tekstil Bandung.

baktos,

mrachmatrawyani




________________________________
From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Fri, February 5, 2010 1:55:15 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Teu aya Standarisaisi... Tatanen - Binih Pare Ge 
Impor Geuning?

  
Naha, kapan aya SNI?


2010/2/5 MRachmat Rawyani  
Kamari tanggal 3 Februari UI jeung Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO) 
ngiketkeun gawebareng dina perkara atikan, panalungtikan jeung pengabdian pada 
masyarakat. Tah, dina pidatona teh Sofyan Wanandi (gegedug APINDO) netelakeun, 
yen Indonesia sataun kahareup geus kudu boga standarisasi dina perkara 
ngasupkeun barang jeung produk ti luar, utamana mah ti China. Sahingga 
barang-barang anu kualitasna goreng patut heunteu bisa asup ka Indonesia. Sabab 
barang-barang ti China asup ka Indonesia ampir teu aya hahalangna, 
barang-barang anu kualitasna amburadul oge mahabu minuhan pasar di Indonesia. 
Sofyan Wanandi mere conto, hp black berry (bb) anu asli hargana 4-5 jutaan. 
Tapi china bisa nyieun hp bb anu hargana 450 rebu. Ari konsumen mah pan teu 
nyaho nanaon, nu penting mah boga hp anu fasilitasna siga bb. Perkara 3 bulan 
terus rusak mah, teu jadi pipikiran pangusaha china. Tah ku ayana kitu, penting 
pisan upama paguron luhur ngabantuan APINDO nyieun
 standarisasi pikeun nyaliksik barang-barang anu asup ka Indonesia. Salian ti 
ngajaga mutu, oge supaya produk lokal heunteu kagiles ku barang-barang china. 
Ngan sataun wates pikeun nyieun standarisasi. Liwat ti waktu eta, nya urang 
kudu siap-siap narima barang "kacangan" ti luar.



      

Kirim email ke