enya kuring ge lieur ku masalah hape eta. naon maksud sofyan wanandi nya?
hayang hp nu asup teh hargana tetep 400 rebu tapi sakualitas 4.5 jt?

aya kitu? mustahil jigana...

Pada 8 Februari 2010 07:07, Surtiwa <surt...@gmail.com> menulis:

>
>
> Ari ditingal tina Kaekonomian mah nya meuning meser kacangan anu 450 rebuan
> kacuali mun urang gengsi...zBalckberry anu 4.5 jt an..teh misal tahan 10
> taun...kanyataan kaburu bosen 2 -3 taun pasti tuker tambah..Mun meser
> Blackberry kacangan..2 - kali meuli bosen...ganti deui kacang sejen..awet
> duit..Tapi teu bisa keur anungengsiana.." Ini lha Jeng, Blackberry ku
> didapat dari Distributor asli waktu saya ke Manila"...
>
>
> On 2/5/10, MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@yahoo.com> wrote:
>>
>>
>>
>> Kamari tanggal 3 Februari UI jeung Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO)
>> ngiketkeun gawebareng dina perkara atikan, panalungtikan jeung pengabdian
>> pada masyarakat. Tah, dina pidatona teh Sofyan Wanandi (gegedug APINDO)
>> netelakeun, yen Indonesia sataun kahareup geus kudu boga standarisasi dina
>> perkara ngasupkeun barang jeung produk ti luar, utamana mah ti China.
>> Sahingga barang-barang anu kualitasna goreng patut heunteu bisa asup ka
>> Indonesia. Sabab barang-barang ti China asup ka Indonesia ampir teu aya
>> hahalangna, barang-barang anu kualitasna amburadul oge mahabu minuhan pasar
>> di Indonesia. Sofyan Wanandi mere conto, hp black berry (bb) anu asli
>> hargana 4-5 jutaan. Tapi china bisa nyieun hp bb anu hargana 450 rebu. Ari
>> konsumen mah pan teu nyaho nanaon, nu penting mah boga hp anu fasilitasna
>> siga bb. Perkara 3 bulan terus rusak mah, teu jadi pipikiran pangusaha
>> china. Tah ku ayana kitu, penting pisan upama paguron luhur ngabantuan
>> APINDO nyieun standarisasi pikeun nyaliksik barang-barang anu asup ka
>> Indonesia. Salian ti ngajaga mutu, oge supaya produk lokal heunteu kagiles
>> ku barang-barang china. Ngan sataun wates pikeun nyieun standarisasi. Liwat
>> ti waktu eta, nya urang kudu siap-siap narima barang "kacangan" ti luar.
>>
>>
>> baktos,
>>
>> mrachmatrawyani
>>
> __
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke