Punten nambihan deui. Parobahan jero c. Dirarangkenan. 1. Dibere rarangken -um : deuheus -> dumeuheus, seja -> sumeja, bela -> bumela 2. Dibere rarangken - in : serat -> sinerat, sareng -> sinareng, punjul ->pinunjul, tangtos -> tinangtos
Suplisi a. Dirobah sagemblengna : nenjo ->ningali, baju -> raksukan b. Ngabalibirkeun kecap : beuteung -> patuangan, ngising -> kabeuratan, kiih -> kahampangan c. Ngaganti kecap ku basa kosta/deungeun : 1. basa Jawa : kenca -> kiwa, ceurik -> nangis, peuting -> wengi, bulan -> sasih 2. basa Jawa Kuno : oge,deui,jeung -> miwah, nyandung -> ngawayuh, sejen -> kalih 3. basa Arab : budak beulian, kuring -> abdi (abdun), awak,badan -> jisim (jismun), astana,kuburan -> makam (makamun), ngaran -> asma (ismun) 4. basa Sanskerta : sora -> sabda (cabda), ambek -> wera (waira}, paeh -> perlaya (pralaya), kawajiban -> darma (dharma) Lian ti parobahan jero & suplisi, aya deui nu ngalantarankeun kecap kasar jadi kecap lemes tapi can kapaluruh bener henteuna, nya eta ku cara ngarobah vokalna. Minangka contona upamana bae : tatangga -> tatanggi, engke ->engkin, pribadi -> pribados jste. Kecap lemes nu kitu disebutna kecap lemes dusun atawa lemes wewengkon. Hapunten Gagak Hideung ________________________________ Dari: Gagak Bandung <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sab, 13 Maret, 2010 17:18:03 Judul: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa Hapunten bade nambihan sakedik. Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes Basa Sunda" Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning : a. suplisi b. parobahan jero (internal modification) . Suplisi nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna. Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste Parobahan jero nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa engang dina jero eta kecap sorangan. Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara : a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna : 1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang 2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag 3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang b.ngarobah engang panungtung : 1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos 2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng 3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapunten 4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun 5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun Baktos Abdi Gagak Hideung hehe.. nya meureun mun cek mandahong sunda mah, ki rektor teh nganggo basa sunda kampung... :) kang ganjar teh anggota milis ieu oge sanes? 2010/3/11 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com> >asin ah .... atuh da rektor unpad oge tos biasa nyebat kekecapan eta teh .... >sumuhun ... agami, kulawargi, pribados .... he he he ... punten ah bade >dibaledogkeun ka kang Oman ..... > > > > > > ________________________________ From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> >To: kisu...@yahoogroups .com >Sent: Thu, March 11, 2010 12:20:56 PM >Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa > > > >kang didin, upami ngarautan (ngalemesan) basa ku ngaganti sora tungtung ku -i >atawa -os kalebet kana salahkaprah oge henteu? jiga dina agami, kulawargi, >atawa pribados. sabab kuring gaduh rerencangan nu digebes ku salasaurang >mandahong sunda, cenah nu kitu teh basa lemes kampung :)) > >.. > > >2010/3/9 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com> > > >>Hatur punten, ngiring mairan. >>Kecap "rupi" dina kalimah : "Rupina abdi mah moal tiasa dongkap", bawiraos >>mangrupi kecap nu salah kaprah tina kecap "kawasna". Kecap "kawasna" dianggap >>kecap loma, nya terus di-hormatkeun jadi "rupina". Ieu teh samodel salah >>kaprahna kecap hormat "pajeng" tina kecap loma payung. "NYandak pajeng Neng, >>bilih hujan !" - eta teh salah kaprah, payung mah payung bae, da pajeng mah >>kecap hormat tina pay : "Sabaraha pajengna mang, motor teh ?" >>Ari kecap "siga" dina kalimah : "Sigana uing mah moal bisa datang" mangrupa >>kecap nu salah larap, da siga mah nuduhkeun rupa dina harti "wujud" .... >>"Alus rupa, hade pake, sihoreng mah ......" Alus rupa = alus wujudna = >>geulis/kasep/ tegep. "Naha geuning teu siga bapana, budak teh ?" >>Kecap rupa dina kalimah : "Aya hiji rupa kembang, raranggeuyan tapi leutik >>......" nuduhkeuh hartina "warna" : beureum, bodas, koneng jste. >>Behna mah rupa-rupa geuning kahayang jalma teh. Kecap rupa di dinya hartina >>..... jinis/model. >>Cing nyeueung Jang, aya sabaraha rupa barang kiriman lanceuk maneh teh ! >>............ .. >> >>Sakitu we ... ngiring bingah ka anu nuju nyusun disertasi, mugia sing lancar >>sagala rupina, amin. >> >>_,___ >_,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk ________________________________ Dari: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> Kepada: kisu...@yahoogroups .com Terkirim: Jum, 12 Maret, 2010 01:43:48 Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa ________________________________ Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. Dapatkan IE8 di sini! http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

