Padahal WC aya "hareupeun" nya. Hehehe.
Tah perkara tempat, WC jeung TOILET, mana nu "sopan".
Asana kungsi geunjleung di Bandung, gara-gara slogan make kecap "WC" jeung
"TOILET".

2010/3/14 <[email protected]>

>
>
> Tungtungna jadi marake "ka pengker".
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * mh <[email protected]>
> *Date: *Sun, 14 Mar 2010 08:38:37 +0800
> *To: *<[email protected]>
> *Subject: *Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
>
>
>
> Ceuk Buldan Djayawiguna dina "Babaran Undak-Usuk Basa Sunda, perkara /kiih/
> cenah kieu:
>
> kiih: kuringr/abdi kiih
>        bapa kahampangan
>        jang rusdi papang
>        nyi misnem wiwis
>
> Jadi teu jadi masalah yen hiji kecap disebut LEMESNA ti kecap sejen. Malah
> mun disebut hiji kecap SOPANNA tina kecap sejen, bisa ngarobah harti SOPAN.
>
> Jiga nu kungsi diposting ti heula, kecap LEMES leuwih ngarujuk kana harti
> tekstual, sedengkeun kecap SOPAN leuwih ngarujuk kana kontekstualna. Mun
> urang nyarita make basa LEMES nu nyurup jeung fungsina, disebutna teh SOPAN.
> Tapi sikep SOPAN teu ukur diekspresikeun ku migunakeun basa LEMES, tapi
> leuwih lega ambahanana. Sopan bisa ngawengku oger gestur gerak awak, gerak
> panon, gerak biwir, oge paroman beungeut.
>
> 2010/3/14 Abbas Amin <[email protected]>
>
>>
>>
>>  Ngan kade soal KI_IH kudu ati2 pisan
>> Kuring/abdi kiih ; bapa kahampangan.
>> Kade ulah lelemesan ABDI KAHAMPANGAN !
>> Nu matak kuring mah rada beurat nyebut lemesna teh.
>> Sabab lamun disebut LEMESNA, bisa dipake ku saha bae bari ASA SOPAN pisan,
>> handap asor.
>> Abdi kahampangan..............   padahal salah
>>
>> --- On *Sat, 3/13/10, Gagak Bandung <[email protected]>* wrote:
>>
>>
>> From: Gagak Bandung <[email protected]>
>> Subject: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
>>
>> To: [email protected], [email protected]
>> Date: Saturday, March 13, 2010, 5:05 PM
>>
>>
>>
>>
>> Punten nambihan deui.
>> Parobahan jero
>> c. Dirarangkenan.
>>   1. Dibere rarangken -um : deuheus -> dumeuheus, seja -> sumeja, bela ->
>> bumela
>>   2. Dibere rarangken - in  : serat -> sinerat, sareng -> sinareng,
>> punjul ->pinunjul, tangtos -> tinangtos
>>
>> Suplisi
>> a. Dirobah sagemblengna : nenjo ->ningali, baju -> raksukan
>> b. Ngabalibirkeun kecap : beuteung -> patuangan, ngising -> kabeuratan,
>> kiih -> kahampangan
>> c. Ngaganti kecap ku basa kosta/deungeun :
>>   1. basa Jawa : kenca -> kiwa, ceurik -> nangis, peuting -> wengi, bulan
>> -> sasih
>>   2. basa Jawa Kuno : oge,deui,jeung -> miwah, nyandung -> ngawayuh, sejen
>> -> kalih
>>   3. basa Arab : budak beulian, kuring -> abdi (abdun), awak,badan ->
>> jisim (jismun), astana,kuburan -> makam (makamun), ngaran -> asma (ismun)
>>   4.  basa Sanskerta : sora -> sabda (cabda), ambek -> wera (waira}, paeh
>> -> perlaya (pralaya), kawajiban -> darma (dharma)
>>
>> Lian ti parobahan jero & suplisi, aya deui nu ngalantarankeun kecap kasar
>> jadi kecap lemes tapi can kapaluruh bener henteuna, nya eta ku cara ngarobah
>> vokalna.
>> Minangka contona upamana bae : tatangga -> tatanggi, engke ->engkin,
>> pribadi -> pribados jste.
>> Kecap lemes nu kitu disebutna kecap lemes dusun atawa lemes wewengkon.
>>
>> Hapunten
>> Gagak Hideung
>>
>>  ------------------------------
>> *Dari:* Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>
>> *Kepada:* kisu...@yahoogroups .com
>> *Terkirim:* Sab, 13 Maret, 2010 17:18:03
>> *Judul:* Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
>>
>>
>>
>>  Hapunten bade nambihan sakedik.
>> Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes
>> Basa Sunda"
>> Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses
>> kayaning : a. suplisi b. parobahan jero (internal modification) .
>> Suplisi nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar
>> sagemblengna nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun
>> dasarna.
>> Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste
>> Parobahan jero nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian
>> fonem atawa engang dina jero eta kecap sorangan.
>> Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :
>> a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :
>>  1. /u/ jadi /i/           : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> ki
>> rang
>>  2. /u/ jadi /a/          : sebut -> sebat, rempug -> rempag
>>  3. /a/ jadi /i/           : rupa -> rupi, upama -> upami
>>  4. /i-u/ jadi /e-a/     : itung -> etang
>> b.ngarobah engang panungtung :
>>   1. ... jadi -os         : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa ->
>> raos
>>   2. ... jadi -jeng      : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pa
>> jeng
>>   3. ... jadi -nten      : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu ->
>> hapunten
>>   4. ... jadi -ntun      : kirim -> kintun, bawa -> bantun
>>   5. ... jadi -wis       : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara ->
>> perkawis
>>
>> Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun
>>
>> Baktos Abdi
>> Gagak Hideung
>>
>>
>>
>>
>>  ------------------------------
>>  *Dari:* Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
>> *Kepada:* kisu...@yahoogroups .com
>> *Terkirim:* Jum, 12 Maret, 2010 01:43:48
>> *Judul:* Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
>>
>>
>>
>> hehe.. nya meureun mun cek mandahong sunda mah, ki rektor teh nganggo basa
>> sunda kampung... :)
>> kang ganjar teh anggota milis ieu oge sanes?
>>
>> 2010/3/11 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. 
>> com<http://mc/[email protected]>
>> >
>>
>>>
>>>
>>> asin ah .... atuh da rektor unpad oge tos biasa nyebat kekecapan eta teh
>>> .... sumuhun ... agami, kulawargi, pribados .... he he he ... punten ah bade
>>> dibaledogkeun ka kang Oman .....
>>>
>>>
>>>  ------------------------------
>>> *From:* Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ 
>>> gmail.com<http://mc/[email protected]>
>>> >
>>> *To:* kisu...@yahoogroups .com<http://mc/[email protected]>
>>> *Sent:* Thu, March 11, 2010 12:20:56 PM
>>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
>>>
>>>
>>>
>>> kang didin, upami ngarautan (ngalemesan) basa ku ngaganti sora tungtung
>>> ku -i atawa -os kalebet kana salahkaprah oge henteu? jiga dina agami,
>>> kulawargi, atawa pribados. sabab kuring gaduh rerencangan nu digebes ku
>>> salasaurang mandahong sunda, cenah nu kitu teh basa lemes kampung :))
>>>
>>> ..
>>>
>>> 2010/3/9 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. 
>>> com<http://mc/[email protected]>
>>> >
>>>
>>>>
>>>>
>>>> Hatur punten, ngiring mairan.
>>>> Kecap "rupi" dina kalimah : "Rupina abdi mah moal tiasa dongkap",
>>>> bawiraos mangrupi kecap nu salah kaprah tina kecap "kawasna". Kecap
>>>> "kawasna" dianggap kecap loma, nya terus di-hormatkeun jadi "rupina". Ieu
>>>> teh samodel salah kaprahna kecap hormat "pajeng" tina kecap loma payung.
>>>> "NYandak pajeng Neng, bilih hujan !" - eta teh salah kaprah, payung mah
>>>> payung bae, da pajeng mah kecap hormat tina pay : "Sabaraha pajengna mang,
>>>> motor teh ?"
>>>> Ari kecap "siga" dina kalimah : "Sigana uing mah moal bisa datang"
>>>> mangrupa kecap nu salah larap, da siga mah nuduhkeun rupa dina harti 
>>>> "wujud"
>>>> .... "Alus rupa, hade pake, sihoreng mah ......" Alus rupa = alus wujudna =
>>>> geulis/kasep/ tegep. "Naha geuning teu siga bapana, budak teh ?"
>>>> Kecap rupa dina kalimah : "Aya hiji rupa kembang, raranggeuyan tapi
>>>> leutik ......" nuduhkeuh hartina "warna" : beureum, bodas, koneng jste.
>>>> Behna mah rupa-rupa geuning kahayang jalma teh. Kecap rupa di dinya
>>>> hartina ..... jinis/model.
>>>> Cing nyeueung Jang, aya sabaraha rupa barang kiriman lanceuk maneh teh !
>>>> ............ ..
>>>>
>>>> Sakitu we ... ngiring bingah ka anu nuju nyusun disertasi, mugia sing
>>>> lancar sagala rupina, amin.
>>>>  _,___
>>>>
>>> _,___
>>>
>>
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>> ------------------------------
>> Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya 
>> sekarang!<http://id.mail.yahoo.com/>
>>
>> ------------------------------
>>  Menambah banyak teman sangatlah mudah dan 
>> cepat.<http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/trueswitch/mailtagline/*http://id.messenger.yahoo.com/invite/>
>> Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!
>>
>>
>>
>>
>>
>
>
> 
>

Kirim email ke