Alhamdulillah. Keun hayu urang jaga ieu Basa Sunda teh ku sarerea.
Ngaranna oge Usaha. Hehehehe. Nya mudah2an we ditampi ku baraya 
sadaya. Mangga assalamu'alaikum.


--- On Sun, 3/14/10, mh <[email protected]> wrote:

From: mh <[email protected]>
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
To: [email protected]
Date: Sunday, March 14, 2010, 5:51 AM







 



  


    
      
      
      Hehehe, Bah AA eta mah ukur pamanggih uing. Tangtu wae gede kamungkinan 
aya kaliruna. Ditepikeun soteh pikeun wacana, tangtu we baraya boga pamadegan 
sewang-sewangan. Perkara ngabebener upama aya nu dianggap salah dina 
padungdengan di milis, nya tangtu kacida pentingna. Asana nu disorot ku uing 
ukur jurusna, pedah katinggalina ku uing bahasan UUBS teh asa bulak-balik 
dekok, balik-deui, balik deui, kana perkara nu sarua, teu aya maksud ngalarang 
kitu-kieu. 

Mangga lajengkeun wacana na.

2010/3/14 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
















 



  


    
      
      
      
Nuhun mh ka na responsenya. Kahartos pisan (hehehe lelemesan )
Aru Basa na seratan mah, nyeta loma tea; atanapi Basa tengahan. 
Memang rupina kedah diantep we atuh nya ?
Tapi nya eta, kitu tea weee.
Kuring kantos digeuhgeuykeun ku budak NGORA ti Bandung nu ka BPN,

majarkeun naha nya akang KASAR ? Pedah manehna naroskeun kasehatan. Ku Kuring
dijawab pangesto. Cenah kedahna mah DAMANG atuh, nu lemes mah.

Tah sagala rupi ge ku pangalaman nya mah ?
Kuring gaduh pangalaman; Basa Sunda nu bener malahan disalahkeun ku budak

NGORA, hahahaha. Tah eta nu asa LEMES tea.
Tah kahartosna ku sim kuring aya sababaraha hal :
1. Salah kaprah di na ngadefinisikeun lemes sareng kasar
2. Tos kitu teu aya pisan nu ngalereskeun; jadi aya leres we

3. Teu diwulang ku ibu ramana kapungkur
4. Teu diajar Basa Sunda waktos disakolana

Tah
 kitu mh, nu mawi kuring teu resep ka na disebat Basa Lemes teh; sareng 
naon margina abdi usaha ngalempengkeun Basa Sunda; sanes nanaon, ku
pangalaman tea. Jadi aya wae diantara US nu hoyongeun apal kana Basa Sunda

nu leres disagigireun jalmi2 US oge nu teu resep dilereskeun.

NGaganggu cenah, ka na dialog.
Sawios we atuh, da moal matak nyontreng waktos seueur teuing; sarengna deui
kapan langka oge dialog nu rada serius mah; seueur oge dieusi ku heureuy.

Kalih ti eta; atuh kapan urang silih pulungan ELMU tea sanes ?

NYa mun kuring ngalempengkeun teh, paling henteu atawa sahenteu henteuna;
US kiwari bakal APAL kana BASA Sunda BUHUN ku UUBS tea.
Da asa teu ngarugikeun, eta teh wajar we ngaguluntur.


Tah nu teu HOYONGEUN dilereskeun ; nya teu naon2; kapan namina oge USAHA ?
Usaha teh aya ditampi atanapi ditolak.
Atuh upami leres aya RASA kaunggulan ku BATUR; mangga atuh nyuhunkeun
dihapunten. Da katiasa
 mung sakitu; rarasaan mah manawi bahan katampi ata
mangfaatna; tapi upami ngalereskeun malah jadi mamala/codeka; nya eta Nasib
BASA SUNDA panginten kedah kitu.

NYanggakeun ka sadayana nu ningali ieu dialog sim kuring sareng mh.


Punten, bilih aya kecap2 kuring nu kirang pantes, mugia ageung nya nawakup.

Abbas Amien 

--- On Sun, 3/14/10, mh <khs...@gmail. com> wrote:


From: mh <khs...@gmail. com>
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

To: kisu...@yahoogroups .com
Date: Sunday, March 14, 2010, 5:04 AM







 



    
      
      
      Ari perkara "miceun" atawa "ngukut" sawatara kecap tina kosakata hiji 
basa mah, jigana teu bisa dilarang ku hiji-dua persona, tapi gumantung ka 
panyaturna. Upama urang ngarojong pikeun "ngukut" sawatara kecap atawa aturan 
tatabasa, jigana jurusna teh perlu ku cara sing mindeng urang nulis nu 
konsisten pikeun migunakeun eta berendelan kecap sarta aturan tatabasa nu ku 
urang dianggap bener tea, ngaliwatan tulisan nu kontekstual pikeun nyaritakeun 
naon wae. Misalna wae Bah AA boga pangaresep maca carita heroik Babah Tiongkok, 
tah ngaliwatan ieu carita Bah AA bisa migunakeun aturan tatabasa nu dirojong 
sarta dianggap bener ku Bah AA tea. Ku cara jiga kieu, sacara teu langsung 
sabenerna Bah AA geus mere atikan pakem basa ngaliwatan conto. Jurus jiga kieu 
teh, cenah ceuk tukang guru, jurus "ngajar tanpa menggurui" tea. Kadang-kadang 
jurus jiga kieu leuwih efektik dibandingkeun jeung jurus nyarak kitu-kieu, 
nitah kitu-kieu. 



Aya babaran dina bukuna Buldan, nu dipostingkeun ti heula, yen basa teh 
aturanana robah ti jaman ka jaman. Dina eta buku, nu terbit taun 1977, 
ditetelakeun aya 5 panta perkara ngalarapkeun kecap: basa cohag (kasar pisan), 
basa wajar (loma), basa panengah, basa sedeng, jeung basa lemes. Aya catetan 
dina panganteurna, ceuk Buldan panta basa wajar (loma) nu dipake taun 70-an, 
mangsa samemehna kaasup panta basa kasar (cohag), nu saterusna robah jadi panta 
basa wajar. Hal ieu nuduhkeun, yen aturan basa teh bisa dirobah ti jaman ka 
jaman. Nu matak asa moal jadi halangan, upama nu 5 panta tea robah deui, 
misalna mucunghul basa lemes nu satata keur saha wae panyaturna. 



Asana Kang Didin, kungsi nyabit-nyabit perkara parobahan UUBS teh. Der ah Kang 
Dididn geura ebrehkeun, kumaha cenah rengkolanana.
-mh-

2010/3/14 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>

















 



  


    
      
      
      

Eta ide teh kapikir oge ku kuring. Tapi asa alus mah Dipiceun we atuh tong
diayakeun eta basa kahampangan teh. KIIH we cukup. Keun bejaan we batur nu 
salah;
lain kudu kitu kudu kieu; tapi sebutkeun eta basa tara dipake deui. Cukup ku 
KIIH oge.


Tah jadi tetep ari ngabenerkeun mah. Lamun diantep; nya jadi salah kaprah tea.
Nu teu apal mah meureun teu naon2? Tapi nu geus wanoh ka na Basa Sunda;
misalna wae Urang Bule. Naha cenah Basa Sunda jadi KIEU ? Naha diarantep


wae ? Teu dipirosea ?
Cek kuring ge, ti batan Basa Sunda anu mangmang; maning Basa Indonesia wae lah.
 Mun make Basa Sunda, Basa Sunda nu bener; atawa dipiceun Basa nu bakal 
pilieureun.
Keun we atuh nyarek nyebut abdi damang wae mah, moal matak nyeri hate, sugan.



Boa deui antara nonoman Sunda ayeuna hayang bisa Basa Sunda nu BENER ? Tapi
euweuh nu ngabenerkeun
 ? Kumaha tah mun kitu ?


--- On Sun, 3/14/10, mh <khs...@gmail. com> wrote:



From: mh <khs...@gmail. com>
Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

To: urangsu...@yahoogro ups.com, "Ki Sunda" <kisu...@yahoogroups .com>


Date: Sunday, March 14, 2010, 3:25 AM







 



    
      
      
      Tah kulantaran kitu, nu matak ge, tong pati dimasalahkeun teuing atuh 
perkara basa "lemes" jeung "kasar" teh. Alih-alih basa Sunda dipakiraresep ku 
nu ngarora, kalahka tambah dijauhan. Da disingsieunan salah larap.




Mun baheula jaman bulukan kalimah "Abdi kahampangan" dianggap kurang pas jeung 
aturan UUBS, nya naon salahna atuh nyieun aturan anyar nu leuwih sederhana, 
ngarah teu kudu ngahesekeun batur ngapalkeun masang-masangkeun kecap jeung 
jalmana. 




Mun baheula aturanana basa lemes teh perlu milih subjekna, keur diri sorangan, 
keur batur saluhureun, jeung keur batur sahandapeun; nya sederhanakeun we atuh 
jadi basa lemer tanpa ngabedakeun subjekna. 

Conto kasus, kecap /kiih/, asana ampir ditarima ku jalma rea ieu kecap dianggap 
kasar, sedengkeun kecap /kahampangan/ dianggap basa lemesna.




Lain ari basa teh dinamik, nayluyukeun jeung kaperluan panyaturna.

2010/3/14 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>










        



















tah enya eta, mun henteu bade ka pacilingan heula cenah

--- On Sun, 3/14/10, jalakpakuan@ yahoo.com <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote:




From: jalakpakuan@ yahoo.com <jalakpakuan@ yahoo.com>



Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa
To: urangsu...@yahoogro ups.com


Date: Sunday, March 14, 2010, 12:45 AM








 



    
      
      
      












Tungtungna jadi marake "ka pengker".Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  mh 
<khs...@gmail. com>
Date: Sun, 14 Mar 2010 08:38:37 +0800To: <urangsu...@yahoogro ups.com>Subject: 
Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa




 



    
      
      
      Ceuk Buldan Djayawiguna dina "Babaran Undak-Usuk Basa Sunda, perkara 
/kiih/ cenah kieu:

kiih: kuringr/abdi kiih
       bapa kahampangan
       jang rusdi papang
       nyi misnem wiwis




Jadi teu jadi masalah yen hiji kecap disebut LEMESNA ti kecap sejen. Malah mun 
disebut hiji kecap SOPANNA tina kecap sejen, bisa ngarobah harti SOPAN.


Jiga nu kungsi diposting ti heula, kecap LEMES leuwih ngarujuk kana harti 
tekstual, sedengkeun kecap SOPAN leuwih ngarujuk kana kontekstualna. Mun urang 
nyarita make basa LEMES nu nyurup jeung fungsina, disebutna teh SOPAN. Tapi 
sikep SOPAN teu ukur diekspresikeun ku migunakeun basa LEMES, tapi leuwih lega 
ambahanana. Sopan bisa ngawengku oger gestur gerak awak, gerak panon, gerak 
biwir, oge paroman beungeut.




 
2010/3/14 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>









        




















Ngan kade soal KI_IH kudu ati2 pisan
Kuring/abdi kiih ; bapa kahampangan.
Kade ulah lelemesan ABDI KAHAMPANGAN !
Nu matak kuring mah rada beurat nyebut lemesna teh.
Sabab lamun disebut LEMESNA, bisa dipake ku saha bae bari ASA SOPAN pisan,




handap asor.
Abdi kahampangan. ......... ....   padahal salah

--- On Sat, 3/13/10, Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> wrote:





From: Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>
Subject: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa



To: kisu...@yahoogroups .com, urangsu...@yahoogro ups.com




Date: Saturday, March 13, 2010, 5:05 PM







 



    
      
      
      
Punten nambihan deui.
Parobahan jero 
c. Dirarangkenan.
  1. Dibere rarangken -um : deuheus -> dumeuheus, seja -> sumeja, bela -> bumela
  2. Dibere rarangken - in  : serat -> sinerat, sareng -> sinareng, punjul 
->pinunjul, tangtos -> tinangtos




 
Suplisi
a. Dirobah sagemblengna : nenjo ->ningali, baju -> raksukan
b. Ngabalibirkeun kecap : beuteung -> patuangan, ngising -> kabeuratan, kiih -> 
kahampangan
c. Ngaganti kecap ku basa kosta/deungeun : 
  1. basa Jawa : kenca -> kiwa, ceurik -> nangis, peuting -> wengi, bulan -> 
sasih
  2. basa Jawa Kuno : oge,deui,jeung -> miwah, nyandung -> ngawayuh, sejen -> 
kalih
  3. basa Arab : budak beulian, kuring -> abdi (abdun), awak,badan -> jisim 
(jismun), astana,kuburan -> makam (makamun), ngaran -> asma (ismun)
  4.  basa Sanskerta : sora -> sabda (cabda), ambek -> wera (waira}, paeh -> 
perlaya (pralaya), kawajiban -> darma (dharma)
 
Lian ti parobahan jero & suplisi, aya deui nu ngalantarankeun kecap kasar jadi 
kecap lemes tapi can kapaluruh bener henteuna, nya eta ku cara ngarobah vokalna.
Minangka contona upamana bae : tatangga -> tatanggi, engke ->engkin, pribadi -> 
pribados jste.
Kecap lemes nu kitu disebutna kecap lemes dusun atawa lemes wewengkon.
 
Hapunten
Gagak Hideung
 



Dari: Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Terkirim: Sab, 13 Maret, 2010 17:18:03




Judul: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa

 



Hapunten bade nambihan sakedik.
Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes Basa 
Sunda"
Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning : a. 
suplisi b. parobahan jero (internal modification) .
Suplisi nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna 
nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna.
Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste
Parobahan jero nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem 
atawa engang dina jero eta kecap sorangan.
Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara :
a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna :
 1. /u/ jadi /i/           : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang




 2. /u/ jadi /a/          : sebut -> sebat, rempug -> rempag
 3. /a/ jadi /i/           : rupa -> rupi, upama -> upami
 4. /i-u/ jadi /e-a/     : itung -> etang
b.ngarobah engang panungtung :




  1. ... jadi -os         : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos
  2. ... jadi -jeng      : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng
  3. ... jadi -nten      : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> 
hapunten
  4. ... jadi -ntun      : kirim -> kintun, bawa -> bantun
  5. ... jadi -wis       : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis 
 
Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun
 
Baktos Abdi
Gagak Hideung

 
 



Dari: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>




Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Terkirim: Jum, 12 Maret, 2010 01:43:48
Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa





  

hehe.. nya meureun mun cek mandahong sunda mah, ki rektor teh nganggo basa 
sunda kampung... :)
kang ganjar teh anggota milis ieu oge sanes?


2010/3/11 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com>


  




asin ah .... atuh da rektor unpad oge tos biasa nyebat kekecapan eta teh  .... 
sumuhun ... agami, kulawargi, pribados .... he he he ... punten ah bade 
dibaledogkeun ka kang Oman .....











From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
To: kisu...@yahoogroups .com




Sent: Thu, March 11, 2010 12:20:56 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa




  

kang didin, upami ngarautan (ngalemesan) basa ku ngaganti sora tungtung ku -i 
atawa -os kalebet kana salahkaprah oge henteu? jiga dina agami, kulawargi, 
atawa pribados. sabab kuring gaduh rerencangan nu digebes ku salasaurang 
mandahong sunda, cenah nu kitu teh basa lemes kampung :))





..


2010/3/9 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com>


  




Hatur punten, ngiring mairan.
Kecap "rupi" dina kalimah : "Rupina abdi mah moal tiasa dongkap", bawiraos 
mangrupi kecap nu salah kaprah tina kecap "kawasna". Kecap "kawasna" dianggap 
kecap loma, nya terus di-hormatkeun jadi "rupina". Ieu teh samodel salah 
kaprahna kecap hormat "pajeng" tina kecap loma payung. "NYandak pajeng Neng, 
bilih hujan !" - eta teh salah kaprah, payung mah payung bae, da pajeng mah 
kecap hormat tina pay : "Sabaraha pajengna mang, motor teh ?"




Ari kecap "siga" dina kalimah : "Sigana uing mah moal bisa datang" mangrupa 
kecap nu salah larap, da siga mah nuduhkeun rupa dina harti "wujud" .... "Alus 
rupa, hade pake, sihoreng mah ......" Alus rupa = alus wujudna = geulis/kasep/ 
tegep. "Naha geuning teu siga bapana, budak teh ?"




Kecap rupa dina kalimah : "Aya hiji rupa kembang, raranggeuyan tapi leutik 
......" nuduhkeuh hartina "warna" : beureum,
 bodas, koneng jste.
Behna mah rupa-rupa geuning kahayang jalma teh. Kecap rupa di dinya hartina 
..... jinis/model.
Cing nyeueung Jang, aya sabaraha rupa barang kiriman lanceuk maneh teh ! 
............ ..

Sakitu we ... ngiring bingah ka anu nuju nyusun disertasi, mugia sing lancar 
sagala rupina, amin.





_,___
_,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 



        Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat.
Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!

    
     



 





      








    
    














    
     

    










    
     



 







      








    
    














    
     



 





      

    
     

    
    






  










    
     



 





      

    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke