tah enya eta, mun henteu bade ka pacilingan heula cenah --- On Sun, 3/14/10, [email protected] <[email protected]> wrote:
From: [email protected] <[email protected]> Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa To: [email protected] Date: Sunday, March 14, 2010, 12:45 AM Tungtungna jadi marake "ka pengker".Powered by Telkomsel BlackBerry®From: mh <khs...@gmail. com> Date: Sun, 14 Mar 2010 08:38:37 +0800To: <urangsu...@yahoogro ups.com>Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa Ceuk Buldan Djayawiguna dina "Babaran Undak-Usuk Basa Sunda, perkara /kiih/ cenah kieu: kiih: kuringr/abdi kiih bapa kahampangan jang rusdi papang nyi misnem wiwis Jadi teu jadi masalah yen hiji kecap disebut LEMESNA ti kecap sejen. Malah mun disebut hiji kecap SOPANNA tina kecap sejen, bisa ngarobah harti SOPAN. Jiga nu kungsi diposting ti heula, kecap LEMES leuwih ngarujuk kana harti tekstual, sedengkeun kecap SOPAN leuwih ngarujuk kana kontekstualna. Mun urang nyarita make basa LEMES nu nyurup jeung fungsina, disebutna teh SOPAN. Tapi sikep SOPAN teu ukur diekspresikeun ku migunakeun basa LEMES, tapi leuwih lega ambahanana. Sopan bisa ngawengku oger gestur gerak awak, gerak panon, gerak biwir, oge paroman beungeut. 2010/3/14 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> Ngan kade soal KI_IH kudu ati2 pisan Kuring/abdi kiih ; bapa kahampangan. Kade ulah lelemesan ABDI KAHAMPANGAN ! Nu matak kuring mah rada beurat nyebut lemesna teh. Sabab lamun disebut LEMESNA, bisa dipake ku saha bae bari ASA SOPAN pisan, handap asor. Abdi kahampangan. ......... .... padahal salah --- On Sat, 3/13/10, Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> wrote: From: Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> Subject: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa To: kisu...@yahoogroups .com, urangsu...@yahoogro ups.com Date: Saturday, March 13, 2010, 5:05 PM Punten nambihan deui. Parobahan jero c. Dirarangkenan. 1. Dibere rarangken -um : deuheus -> dumeuheus, seja -> sumeja, bela -> bumela 2. Dibere rarangken - in : serat -> sinerat, sareng -> sinareng, punjul ->pinunjul, tangtos -> tinangtos Suplisi a. Dirobah sagemblengna : nenjo ->ningali, baju -> raksukan b. Ngabalibirkeun kecap : beuteung -> patuangan, ngising -> kabeuratan, kiih -> kahampangan c. Ngaganti kecap ku basa kosta/deungeun : 1. basa Jawa : kenca -> kiwa, ceurik -> nangis, peuting -> wengi, bulan -> sasih 2. basa Jawa Kuno : oge,deui,jeung -> miwah, nyandung -> ngawayuh, sejen -> kalih 3. basa Arab : budak beulian, kuring -> abdi (abdun), awak,badan -> jisim (jismun), astana,kuburan -> makam (makamun), ngaran -> asma (ismun) 4. basa Sanskerta : sora -> sabda (cabda), ambek -> wera (waira}, paeh -> perlaya (pralaya), kawajiban -> darma (dharma) Lian ti parobahan jero & suplisi, aya deui nu ngalantarankeun kecap kasar jadi kecap lemes tapi can kapaluruh bener henteuna, nya eta ku cara ngarobah vokalna. Minangka contona upamana bae : tatangga -> tatanggi, engke ->engkin, pribadi -> pribados jste. Kecap lemes nu kitu disebutna kecap lemes dusun atawa lemes wewengkon. Hapunten Gagak Hideung Dari: Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> Kepada: kisu...@yahoogroups .com Terkirim: Sab, 13 Maret, 2010 17:18:03 Judul: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa Hapunten bade nambihan sakedik. Dina pangajaran basa Sunda, kantos ngaos perkawis "Gelarna Kecap Lemes Basa Sunda" Gelarna kecap lemes dina basa Sunda gurat badagna aya dua proses kayaning : a. suplisi b. parobahan jero (internal modification) . Suplisi nya eta proses robahna kecap ku cara ngaganti wangun dasar sagemblengna nepi ka hasilna mangrupa wangun anyar anu beda tina wangun dasarna. Contona : baju -> raksukan, huntu -> waos, mere ->masihan, jste Parobahan jero nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngaganti sabagian fonem atawa engang dina jero eta kecap sorangan. Parobahan jero dina basa Sunda muncul ku cara : a. ngarobah salahsahiji atawa leuwih fonemna : 1. /u/ jadi /i/ : kuat -> kiat, murah -> mirah, kurang -> kirang 2. /u/ jadi /a/ : sebut -> sebat, rempug -> rempag 3. /a/ jadi /i/ : rupa -> rupi, upama -> upami 4. /i-u/ jadi /e-a/ : itung -> etang b.ngarobah engang panungtung : 1. ... jadi -os : nyarita -> nyarios, warta -> wartos, rasa -> raos 2. ... jadi -jeng : payung -> pajeng, payu -> pajeng, paju -> pajeng 3. ... jadi -nten : kira -> kinten, pangira -> panginten, hampu -> hapunten 4. ... jadi -ntun : kirim -> kintun, bawa -> bantun 5. ... jadi -wis : nanda -> nawis, nawar -> nawis, perkara -> perkawis Cekapkeun sakieu, hapunten kumawantun Baktos Abdi Gagak Hideung Dari: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> Kepada: kisu...@yahoogroups .com Terkirim: Jum, 12 Maret, 2010 01:43:48 Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa hehe.. nya meureun mun cek mandahong sunda mah, ki rektor teh nganggo basa sunda kampung... :) kang ganjar teh anggota milis ieu oge sanes? 2010/3/11 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com> asin ah .... atuh da rektor unpad oge tos biasa nyebat kekecapan eta teh .... sumuhun ... agami, kulawargi, pribados .... he he he ... punten ah bade dibaledogkeun ka kang Oman ..... From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Thu, March 11, 2010 12:20:56 PM Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (sawala) perkara Rupa kang didin, upami ngarautan (ngalemesan) basa ku ngaganti sora tungtung ku -i atawa -os kalebet kana salahkaprah oge henteu? jiga dina agami, kulawargi, atawa pribados. sabab kuring gaduh rerencangan nu digebes ku salasaurang mandahong sunda, cenah nu kitu teh basa lemes kampung :)) .. 2010/3/9 Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com> Hatur punten, ngiring mairan. Kecap "rupi" dina kalimah : "Rupina abdi mah moal tiasa dongkap", bawiraos mangrupi kecap nu salah kaprah tina kecap "kawasna". Kecap "kawasna" dianggap kecap loma, nya terus di-hormatkeun jadi "rupina". Ieu teh samodel salah kaprahna kecap hormat "pajeng" tina kecap loma payung. "NYandak pajeng Neng, bilih hujan !" - eta teh salah kaprah, payung mah payung bae, da pajeng mah kecap hormat tina pay : "Sabaraha pajengna mang, motor teh ?" Ari kecap "siga" dina kalimah : "Sigana uing mah moal bisa datang" mangrupa kecap nu salah larap, da siga mah nuduhkeun rupa dina harti "wujud" .... "Alus rupa, hade pake, sihoreng mah ......" Alus rupa = alus wujudna = geulis/kasep/ tegep. "Naha geuning teu siga bapana, budak teh ?" Kecap rupa dina kalimah : "Aya hiji rupa kembang, raranggeuyan tapi leutik ......" nuduhkeuh hartina "warna" : beureum, bodas, koneng jste. Behna mah rupa-rupa geuning kahayang jalma teh. Kecap rupa di dinya hartina ..... jinis/model. Cing nyeueung Jang, aya sabaraha rupa barang kiriman lanceuk maneh teh ! ............ .. Sakitu we ... ngiring bingah ka anu nuju nyusun disertasi, mugia sing lancar sagala rupina, amin. _,___ _,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!

