Sapuk Kang Kumi, 
Uing ge hayang nyaho kunaon kecap NYONDONG "teu dihalalkeun"? Maklum atuh da 
uing mah urang kampung jeung diajar basa Sunda ge semet SMP we hungkul, baheula 
basa di Wado. Nyaho basa Sunda soteh tinu jadi kolot, ti aki-nini uing, 
mamang-bibi jeung dulur-dulur lianna (eh, bet naha jiga iklan Kijang nya? kabeh 
ditataan hehehe*), ngadengekeun dongeng Mang Jaya & Ki Leuksa di radio Angkasa 
Majalengka, saleuwihna ngan bisa maca tiditu tidieu.

Sugan we ti Bah Amin anu kungsi diajar basa Sunda, uing bisa jadi leuwih nyaho 
ngeunaan basa & budaya Sunda.

haturnuhun,
ro2 

>>> [email protected] 03/22/10 10:16AM >>>

Cikan, Abah.... Susu ganan apal kumaha jujutanana bet nepi ka kecap 'nyondong' 
bisa 'diharamkeun' kitu? Naon atuh harti sabenerna?


sikandar
kumincir.blogspot.com


2010/3/16 Abbas Amin 

Naon sababna baheula bujangga Sunda, atawa Para Ahli Sastra Sunda, NOLAK
ka na kecap NYONDONG mu hartina AYA ?

Atuh da jelas pisan AYA mah teu kasar teu garihal. Teu kudu dilemesan deui, jadi
aya teh geus hiji kecap nu beunang dipake ku sing saha wae. Keur saha wae.
Malahan baheula mah di Sakola kuring, mun aya nu nyebut nyondong, enggal ku
ibu Guru dicawad, teu meunang cenah make Basa Nyondong.

Tapi saperti biasa Bujangga Sunda atawa Ahli Sastra Sunda teu NYAREK ka nu sok
make ieu kecap. Nya paling ge hukumna keleuleuwihi, atawa BID'AH mun cek Agama
mah. Lolobana nu marake ieu kecap nyondong teh urang kampung. 

Kirim email ke