Ralat, punten. Sanes kasaurang tapi kasauran

--- On Tue, 3/23/10, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Nyondong
To: [email protected]
Date: Tuesday, March 23, 2010, 4:20 AM

Kasaurang Neng Roro, kalintang sae sareng logisna; ku abah ditampi ku asta 
kalih.
Moal, abah mah ku cariosan kitu mah, moal geuneuk maleukmeuk, caang bulan 14
teh sanes bobohongan. Hatur nuhun pisan.
disuhun na embun2an , disimpen di na ati sanubari. Mangga lajengkeun.


--- On Tue, 3/23/10, Roro Rohmah <[email protected]> wrote:

From: Roro Rohmah <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Re: Nyondong
To: [email protected]
Date: Tuesday, March 23, 2010, 3:02 AM







 



  


    
      
      
      


Euh Abah, sanaos Boboran Siam tebih keneh ge dihapunten pisan 
ku abdi, sawangsulna abdi ge kedah dihapunten ku Abah… 
 
Perkawis dirupus henteu na mah eta kumaha jalmi nu nampi 
emailna. Panginten, nuju pakepuk ku padamelan … atanapi katingali ku aranjeuna 
seueur nu ngawaler kana hiji paguneman (kaleresan asal muasalna tina email 
Abah), nyung nyong reang nu ngabarales ngedalkeun eusi hatena, sanes nyundut 
esmosi Abah… 
Kumaha urangna eta mah, biasana nu dianggo hukum guha “pantulan 
bunyi” (hese ningan basa Sundana nya?), naon nu ku urang dialungkeun kana 
milis, 
eta nu ku urang ditampi. 
 
Leres, nuju “ngetrend” nyerat dicampur-campur nganggo aksara 
ageung & alit, tapi teu sering teuing siga Abah. Aksara ageung siga nu 
ngambek padahal panginten tujuan Abah mung hoyong jelas wungkul, numawi aya nu 
nyebat siga disentak-sentak. Hiji seratan jalmi mangrupi “cerminan” diri 
anjeunna. Pami teu lepat mah Abah teh tangtara nya? SIAP DAN! heuheu… 

 
Abdi nyerat nganggo basa lemes, sanaos seueur pisan nu 
lepatna, da kumaha atuh teu wasa bade songong/kasar teH… Basa = rasa. Abdi 
ngaraos hormat ka Abah salaku sepuh, pami bade nganggo basa loma teH asa 
cucungah bin calutak. Abdi ngaraos reueus nganggo basa Sunda nu tiasa 
milah-milah rasa, barina ge haratis ieuh teu kedah meser hehehe... Kawajiban nu 
ngartos kana tata basa siga Abah & miliser ngalereskeun nu lepat. Pami 
dilepatkeun bari disentak-sentak mah atuh tambih we sarieuneun nganggo basa 
Sunda, komo diterapkeun ka barudak ngora ayeuna nu “semau gue”. Ketak 
aranjeuna, 
ning dicampur sareng basa Indonesia janten basa gaul bin amburadul atanapi 
miceun pisan ka basa Sunda, gaswat.  
 
Kitu pamendak abdi, punten pisan sanes mapagahan ka sepuh… 
tong pundung nya Bah… :)
 
ro2


 
>>> abas_amin08@ yahoo.com 03/23/10 06:29AM 
>>>

Eta teh hartosna abah nu bodo, teu yasa 
ngajelaskeun soal "nyondong"; di na hal
ieu mah atuh, nya abah teh nyuhunkeun 
sih hapunten wae; da geuning sakieu.
Abah mah ngan hoyong ngajelaskeun yen nu 
kapanggih ku abah kecap nyondong teh
kitu.
Ngan eta nu abah kirang nampi 
teh nganggo ditambih yen tulisan abah unggal2 dipupus.
Naha ayeuna mah bet 
dibaca nya ?
Mani katingalna ku abah eta teh palay supaya abah 
esmosi.

Nya didieu abah nyuhunkeun dihapunten ka MJ; kitu deui ka sakumna 
miliser.
Nya abah ge ngarumasakeun sok make aksara gede. Nya upami teu resep 
ningal
seratan anu sapertos kitu; ayeuna tah ku abah leutik kabeh.
Mangga 

Sakali dei nyuhunkeun dihapunten ka MJ sareng katukang giribig lan 
sadayana.

Ieu ge duka dibaca atanapi henteu. Sawios 
lah.



    
     

    
    


 



  








      


      

Kirim email ke